Saha nu resep tuang sareng lauk asin? Nikmat kacida nya? Pédo sareng matak ponyo atuda pami tos tuang sareng lauk asin téh.
anajan urang Indonésia akrab sapopoé jeung roti, biasa ngadahar jagong, jeung wanoh ka beubeutian, tapi, angger baé katuangan pokok mah sangu, nu asalna tina béas téa. Loba daérah di Indonésia, boga ciri khas olahan pokok masing-masing nu jadi kabanggaan jeung ciri daérahna.
Biasana di satukangeun rasa jeung unikna bahan-bahan olahan, kulinér daérah sok ngandung sajarah, filosofi, jeung kaistimewaan rempah lokal nu nyieun idanganna jadi oténtik.
Aya salah sahiji kulinér khas daérah nu populér di masyarakat Indonesia nyaéta sangu liwet nu asalna ti daérah Jawa Barat. Tangtu, urang Sunda teu bisa leupas tina sangu liwet, nu biasana dituang maké konsep botram. Cara ieu ngalarapkeun budaya gotong royong urang Indonesia nu biasa sagala gé babarengan, kaasup nuang sangu téa.
Biasana sangu liwet ditumpangan ku lauk asin. Kuring salah sahiji urang sunda anu tara tinggaleun kudu mawa lauk asin unggal bagian botram, atawa ngahajakeun ngayakeun menu di imah. Sababaraha bulan ka tukang, di Posyandu pernah aya penyuluhan nu ngingetkeun pentingna protéin keur asupan gizi kulawarga.
Penyuluh méré solusi lamun urang bener-bener keur teu kabual neangan daging, lauk, atawa endog, alternatifna bisa maké lauk asin. Beja na asal lauk asin téh dipiara heula méméh ku urang diolah. Bu bidan désa mapatahan yén lauk asin bisa dikumbah atawa dikeueuman heula saacan diolah.
Tujuanna ngaleungitkeun rasa asin nu ditimbulkeun tina prosés pengawétan. Gizi lauk bisa ngurangan lantaran penggaraman anu ékstra. Kandungan garam anu luhur dina lauk asin bisa dikurangan ku cara dikumbah. Ku kituna lauk asin bisa jadi sumber protéin alternatif kulawarga.
Lauk asin téh kacida ngeunahna lamun di sayagikeun jeung sangu liwet, sambel, ogé lalab, di antarana pucuk surawung, bonténg, buncis, atawa saladah.
Tapi sanajan kitu, keur sababaraha urang mah lauk asin bisa ngalantarankeun alérgi. Jadi ulah sagawayah! Lauk asin teu bisa leupas tina olahan urang Sunda, sabab lauk asin ponyo na dituang jeung lalab.
Hiji waktu kuring pernah nonton Adé Rai pakar binaraga téa. Dina YouTube na ngajelaskeun yén dahareun urang sunda loba nu sehat, sabab beunghar ku vitamin jeung serat anu dibutuhken ku awak urang. Nyaéta ku ayana lalab jeung sangu, ogé aya protéin héwani jeung nabati anu biasana minim prosés pengolahan.
Keur urang sunda khususna, nu mancing bisa loba ngadahar lalab nyaeta lamun di baturan ku lauk asin. Tapi omat, nanaon gé anu kaleuwihan tangtu teu pantes keur awak urang.. Kkaleuwihan atawa kaséringan bisa jadi ngaganggu kana kasehatan. Takerana nu teu sarua jeung kabutuhan gizi, jeung nu kuduna ku awak urang diserep téh lamun salah bisa jadi cukang lantaran urang deukeut kana panyakit.
Jadi kudu ati-ati jeung kudu kréatif ngolah jeung ngalobakeun variasi dahareun sapopoé. Tangtu urang kudu ngimbangan jeung pinter-pinter merhatikeun kabutuhan gizi anu kudu saluyu ogé jeung aturan. Ngukur kabutuhan awak urang sorangan ku cara olahraga jeung jaga pola makan.
Manusa teu salah miresep hiji dahareun, kaasup milih resep lauk asin, sabab lauk asin téh murah jeung ngeunah. Sanajan ngandung protéin tinggi, lauk asin téh teu bisa dijieun sumber protéin utama jeung teu bisa dikonsumsi ku waktu nu panjang.
Hayu urang leuwih kréatif ngolah kadaharan, nu bisa leuwih séhat tur manfaat.
