Isuk-isuk saperti biasa waktuna nganteur barudak ka sakola. Ngan nu hiji lalaki mah aya tanding futsal antar MI sa-Cimahi. Jadi teu milu belajar. Naek angkot bareng jeung timna. MI ngirim 2 tim. Jam salapam mulaina di Jl. Cihanjuang Gor Mts. Kuring balik. Mandi tuluy nyokot sorabi da geus pesen lewat hp. Bareng jeung pamajikan ngahaja ijin teu ka sakola da hayang nyaksian budak tanding. Itung-itung mere sumanget.
Jam 10 geus beres tanding. Baralik. Kuring mah tuluy nyieun nasi goreng da lapar ieu ge pedah pamajikan nu menta hayang dipangnyieunkeun ala Didin Tulus.
Jam 13.45 kuring jemput budak nu awewe di MI. Balik langit mimiti cluk clak hujan. Ngan henteu hujan mah geuning.
Sanggeus nepi ka imah mah budak tuluy ngahanca sorabi sesa tadi isuk-isuk. Kuring indit deui ka Jl. Pasteur rek ka rumah sakit nyokot obat keur budak (Kanya). Nyimpang heula ka bengkel meuli lampu motor da pareum. Palaur bisi ditilang. Jaba penting oge keur balik peuting.
Nepi ka rs hermina jam 3.42. Tuluy biasa daftar administrasi di lt 3.
Karek bisa diuk tumaninah bari tumpang kaki. Muka WA aya kabar ti percetakan, buku cetakan geus beres rek di anteurkeun ceunah. Bosen muka hp. Muka buku da mawa ngahaja.
Maca antologi cerpen perang. PERANG, CINTA, DAN REVOLUSI penyusun : Anton Kurnia penerbit Jalasutra.
Di nagara urang, perang ngalahirkeun Pramoedya Ananta Toer, anu karyana dipikawanoh di sakuliah dunya. Novel awal Pramoedya – kaasup Perburuan jeung Di Tepi Kali Bekasi – anu nyaritakeun pangalaman pribadina jadi perwira tentara Republik di sabudeureun Revolusi 1945, ditulis nalika anjeunna dibui ku tentara musuh di Jakarta.
Cerita-cerita dalam buku ini merekam kengerian perang di berbagai belahan dunia dari beragam sudut pandang. Mulai dari perang saudara di Angola dan Nigeria yang menjadi latar cerpen Penangkapan Seorang Sinterklas karya Agualusa dan Batu Ajaibnya Ben Okri, hingga perang sipil berkepanjangan di Kolombia yang dijalin dengan kisah cinta nan getir seorang lelaki sepi dalam Cinta adalah Kesunyian ciptaan Gabriel García Márquez.
Dalam cerpen Borges, Bentuk Pedang, kita bisa menyaksikan bagaimana perang bisa mengubah seorang pemuja revolusi menjadi seonggok peng- khianat. Sementara itu Saadat Hasan Manto yang oleh Salman Rushdie dipuji sebagai cerpenis terbaik dalam bahasa Urdu secara cemerlang mengungkapkan bagaimana absurditas perang di anak benua India membuat seekor anjing tak berdosa menjadi tumbal dalam Anjing dari Titwal. Cerpen ini secara khusus pernah diulas Edward Said dalam sebuah esainya tentang sastra poskolonial.
Di bagian lain, dalam cerpen Liam O’Flaherty berjudul Penembak Gelap yang terasa muram, kita bisa menyimak perang saudara berkepanjangan di Irlandia yang membuat dua saudara kandung terpaksa saling bunuh. Sebuah ilustrasi atas betapa kejamnya sebuah peperangan. Hal yang sama terjadi dalam Seorang Veteran karya Henri Lopes. Perang melukai cinta sepasang kekasih yang berbeda kubu dalam revolusi Aljazair.
Selain cerita-cerita di atas, dalam antologi ini kita bisa menyimak sisi lain perang dalam kacamata Mark Twain, John Steinbeck (Amerika Serikat), Carlos Fuentes (Meksiko), Sergio Ramirez (Nikaragua), W. Somerset Maugham (Inggris), dan Yasunari Kawa- bata (Jepang) yang merekam berbagai peperangan yang pernah berkecamuk di empat benua.
Kuring cengkat da anak Kanya geus dipanggil. Kuring konsultasi jeung dokter spesialis anak. Tuluy kaluar menuju farmasi pikeun nukeur berkas ku obat. Kudu nunggu 2 jam. Lumayan nepi ka lelenggutan balas tunduh. Akhirna dipanggil. Obat geus kabawa. Di jalan Pasteur hujan rada gede. Untuk mawa jas hujan. Ngeureuyeuh bae ruruncutan naek motor bari huhujanan. Ari geus kumaha deui. Da nunggu iraha raatna hujan kieu. Aya bahan parat nepi ka subuh.
Bari ngaregot cienteh manis panas. Karasa haneut kana bayah. Cag!
Cimahi, 2023
