Wakil Tiap Cabang Lomba Olahraga Tradisional (Sumber: FB/Yayah Rodiah)
SD Negeri 1 Indragiri jadi juara dina gelaran Invitasi Olahraga Tradisional di Kecamatan Panawangan. Prestasi ieu, mawa Indragiri neruskeun perjuangan olahraga tradisional ka tingkat Kabupaten. Prosesna tangtu ngaliwatan latihan-latihan nu giat, jiwa nu sportif, jeung haté nu gumbira.
Kaulinan barudak baheula jeung olahraga tradisional anu ampir kapopohokeun, kiwari jadi widang atikan nu dijaga, diriksa, jeung dibangkitkeun. Barudak ayeuna nu kaulinan na geus pindah media, diajarkeun nalungtik kaulinan barudak jaman baheula, sangkan teu leungit ajén jeung tradisina. Dumasar kana fokus dunya pendidikan di urang nu tujuanna pembentukan karakter budak, salah sahiji widang nu dipaké ayeuna nyaeta dibina ku olahraga tradisional.
29 Oktober 2025 kamari, jadi pesta pikeun individu olahraga jeung pegiat tradisi. Sabab Ciamis, ngalaksanakeun program Invitasi Olahraga Tradisional nu eusina midangkeun insan-insan olahraga tradisional di tingkat kabupatén. Diantarana, nampilkeun bakat-bakat kaulinan barudak antar kecamatan sa Kabupaten Ciamis.

Teu eleh kawani, Panawangan ogé tampil di Ciamis, diwakilan ku barudak ti SD Negeri 1 Indragiri. Tangtu kareueus ieu jadi bukti keur sarerea, yén Indragiri mibanda generasi tradisi. SD Negeri 1 Indragiri kapancén tugas, jadi wakil kecamatan dina lomba olahraga tradisional cabang Hadang atawa baheula mah disebut galah jeung gobag sodor tea téa.

Katangtuan ieu jadi kawijakan panitia nu sababaraha waktu ka tukang ngayakeun lomba di tingkat kecamatan. SD Negeri 1 Indragiri jadi wakil nu kaluar tina hasil pertandingan ngalawan rivalna ti SD sejen. Kelompok Hadang putri, diwakilan ku SDN 1 Indragiri nu unggul ngelehkeun kelompok hadang SD sejen sa Kecamatan Panawangan.
Dina ajang Invitasi Olahraga Tradisional nu dilaksanakeun di tingkat Kabupaten Ciamis, tim Hadang putri Panawangan ngakukeun ku ayana kaunggulan tim ti Kecamatan Rajadesa. Fisik jeung taktik nu leuwih apik, ngalantarankeun tim sejen leuwih unggul dina segi permainan. Kaayaan ieu ngawajibkeun tim Hadang Putri Indragiri neruskeun perjuangan Olahraga Tradisional ieu di taun-taun nu bakal datang.
Tapi elehna tim hadang putri Indragiri, teu ngurangan sumanget jeung kareueus ka generasi di Indragiri. Juara di Kecamatan geus jadi bukti yén urang Indragiri eyeub ku prestasi. Generasi Indragiri ngabuktikeun ka balarea, yén miara sumanget dina sagala widang nu positif teh penting kacida, sabab bisa jadi cukang lantaran hiji jalma mere inspirasi, prestasi, jeung milu ngamumule tradisi.
