Saukur Harepan

Share This:
± 1 menit84 dilihat
Saukur Harepan

Oleh, Diantika IE

 

Ngaplak mega ayang-ayangan

Mangrupa gurat-gurat warna kahirupan

Pananda beurang amit mundur

Permios poe isuk pateupang deui

 

Anjeun imut manis ngadon milu pamitan

Seja undur diri, niat rek mulang

Ceunah “simanehna parantos ngantosan”

 

Aya hate anu teu bisa tumarima

Karasa nyeri na dada

Nyisit ati aya ku peurih

Kuduna ieu diri anu jadi pangbalikan…

 

Gandang, ….

Naha anjeun bade kamana?

Asa teu kudu mulang sagala

Di dieu tempat anjeun cicing nu pasti

Bakal diperenahkeun saestona

Demi kabagjaan salira

 

Kasep, .…

Bade kamana?

Naha teu bisa dagoan heula, nyai jangji tong cangcaya

Cinta nyai ngan ukur salira

 

Bandung, 2019

Mungkin Anda juga suka

Share This:

Leave a Comment