Kupat Panawangan (Sumber : PKH Shop Panawangan)
Iwalti idangan nu sok éksis poéan lebaran, kupat téh mangrupa kadaharan khas daérah Panawangan nu kasohor. Loba pengrajin jeung nu ngajual bisa babari dipanggihan boh di pasar atawa di sisi jalan. Katélahna kupat Panawangan, pedah mawa ciri nu mikat tina urung jeung rupana, khas urang Panawangan.
Dina poéan lebaran, geus jadi tradisi ngayakeun jeung nyieun idangan rupa-rupa kuéh, sangu, lontong, opor, kupat, gulé, jeung sajabana. Salah sahiji nu ampir wajib aya di unggal imah téh nyaéta kupat, nu sok jadi bintangna. Kupat téh olahan nu asalna tina béas sarupa jeung leupeut, tapi aya prosés nu beda dina cara ngasakanna.
Kupat dianggap bisa ngaganti sangu nu beunghar ku kandungan karbohidrat. Bisa dijadikeun kupat tahu nu bumbuna ku kacang, atawa penulis keur leutik mah ari ka pasar resep kacida lamun dibanjur kuah léngko. Tapi dina poéan lebaran, kupat sok dicampur gulé, opor hayam, rendang, ogé dahareun séjén nu maké kuah.
Kupat jadi olahan nu pinuh ku filosofi, lantaran lain saukur soal kadaharan pokok, tapi aya aspék séjén satukangeunna. Dumasar kana bentuk cangkang jeung eusina, kupat téh mawa simbol nu nyirikeun silih hampura, kamakmuran, jeung sauyunan. Sarua jeung makna Idul Fitri nu kudu bersih jeung nyucikeun diri, ogé ngahampura manusa séjén, nyatana, kupat téh leuwih ti tradisi tapi euyeub ogé ku harti filosofi.
Khusus keur urang Panawangan, kupat leuwih ti éta. Lain saukur tradisi, tapi Kupat Panawangan mangrupakeun ciri, nyawa, jeung jati diri urang Panwangan. Urang Panawangan jeung urang luar Panawangan oge kudu éstu nyaho, yén Panawangan beunghar ku warisan, nu kudu dituluykeun, diriksa, jeung dipiara.
Di Panawangan, kupat lain ukur idangan nu tampil poéan raya, tapi unggal poé urang Panawangan lir ibarat nyobat jeung kupat. Kupat Panawangan kasohor ku warna urungna nu béda jeung kupat biasa, bentuk pasagi urungna nu beda, tingkat awetna, ogé tangtuna rasa. Teu héran, poean lebaran atawa poé séjén, Kupat Panawangan sok diburu ku masyarakat dipaké buah tangan, atawa nyampakeun dulur baraya anu nganjang ka lembur.
Urang Panawangan kudu konsistén ngabejakeun kasohorna Kupat Panawangan nepi ka anak incu. Maranéhna kudu sadar, yén salaku urang Panawangan kudu ngaku jeung bangga ku olahan khas daerah sorangan. Iwal ti nyaho rupa jeung jinisna, leuwih alus lamun dituluykeun ku sosialisasi nu berkala, atawa ngaagéndakeun program cinta daerah nu eusina pelatihan nyieun urung kupat Panawangan.
Sangkan generasi kahareup bisa ngajaga tradisi kulinér Kupat Panawangan, lain saukur jadi penikmatna wungkul. Kiwari kudu dimimitian ngajarkeun barudak ti hal leutik jeung dasarna keur usaha ngajaga tradisi jeung warisan kuliné.6r ieu, tangtu kudu ti ayeuna urang peduli. Keur simbol kareueus urang pribumi, aya tembang nu juduna Kupat Panawangan, nu saeutik lobana bisa miara rasa cinta ka lemah cai, Nyutat tina akun Facebook Plasabumi unggahan taun 2013, kieu kawihna.
