Unggal poé Jumaah Wardi jeung Umar sok ngiring apana ka masjid, nu ayana kuloneun alun-alun. Masigitna henteu gedé, kawantu di kota leutik. Umar mawa pangsujudan apana. Bring tiluan arindit. Umar jeung Wardi maraké sarung polékat jeung kerepus.
Maraké sendal deuih, da bisi kotor di jalan, sabab geus baroga wulu. Gigireun masigit ogé aya kulah, tapi caina kiruh jeung sok heurin deuih.
Harita kakara satengah dua welas. Di jero masigit coréngcang kénéh, can loba nu datang. Apana terus ka hareup, deukeut paimbaran. Ari Umar jeung Wardi mah caricing heula di tepas, da loba baturna: Halim, putrana Pa Naib téa ogé aya. Beuki lila beuki pinuh masigit téh. Réang sora nu ngaji jeung nu babacaan.
Pukul dua welas leuwih, dur bedug ditakol ku modin, dititir-keun sababaraha kali. Barang bedug eureun, jep nu ngaraji jeung nu babacaan téh répéh, ngong nu adan, sorana ngeunah naker.
Barudak arasup ka jero, tuluy dariuk. Sanggeus adan, breng salat sunat. Saréngséna salat sunat, Pa Hatib unggah kana paimbaran rék maca hutbah.
Barudak mah teu pați saregep ngadaréngékeunana téh, ka-lahka silihsedekkeun bari cicirihilan. Ari aya nu molototan, jep barudak téh répéh.
Sanggeus tamat hutbah, modin komat, tuluy salat Jumaah. Biasa baé, barudak mah dina hamin téh sok patarik-tarik jeung palambat-lambat.
Teu lila salat Jumaah mah ngan dua rakaat.
