“Jadi awewe mah teu kaur!” ceuk Uneh bari kukulutus. Ret, ngareret Badrun nu keur anteng lalajo Persib bari tumpang kaki bangun nu genah.
Matana estu teu kiceup-kiceup neuteup layar TV anu gedena 30 inci.
“Huh, teu kaur!”
Sakali deui Uneh kukulutus. Pok nateh bari jebras-jebris meresan baju garing anu anyar dijaitan tina popoean.
Uneh aniprek dina karpet bari nilepan baju. Badrun mah, eh…. anteng we nitenan nu keur maen bal.
“Akang!” Uneh ngageroan. Sorana patembalan jeung sora komentator dina TV. Badrun ongkoh-ongkoh keneh.
Belewer Uneh ngalungkeun kaos singlet. Plok, keuna kana pameunteu Badrun.
“Naon atuh ari maneh, Uneh?” ceuk Badrun bari napasna ngahegak nahan amatah. Ngarasaung keur anteng lalajo dibaledog ku pakean.
“Teuing ah!” jawab Uneh bari ngabalieur. Gap deui kana pakean terus diberesan.
“Eleuh-euleuh, sok teu paruguh kitu. Dasar awewe!” Badrun milu kukulutus.
Uneh ngajengkat. Gep kana remot anu ngagoler dina meja. Reup, tipi teh pareum.
Badrun hudang. Napasna ngahegak pinuh amarah. Matana molotot, huntuna kekerot. Lir buta nu geus siap ngamuk ngaborak-barik saeusi imah.
“Naon, Akang teu resep lamun tipina dipareuman ku Uneh?” tanya Uneh. Sorana ngageter, nahan kakeuheul.
“Nya heueuh atuh! Persib ieu teh, persib, Uneh! Na ari ilaing, meni teu meunang salaki boga kasenangan teh!” ceuk Kardun bari ngalaan sarung.
Cul sarung sina ngumbruk dina korsi. Gidig leumpang ka tengah imah. Teu malire ka pamajikanna anu mimiti rambisak.
“Akang! Rek kamana?” sora Uneh ngagorowok.
“Neangan nu nyetel tipi!” jawab Kardun disusul ku sora nutupan panto.
Uneh neruskeun titilep bari nyusutan cimata.
Gusti, teu kaur jadi awewe mah, gerentes hatena.
Ti saprak Kardun di-PHK pagaweanna ngan ukur lalajo, jeung ngurus manuk. Padahal basa poean manehna di-PHK, manehna ti ceurik-ceurik menta hampura.
“Nyai, hampura akang. Akang teh di-PHK. Doakeun akang, sing tereh meunang deui gawe. Sangkan barudak bisa dahar jeung sakolana kabayar,” pok nateh.
“Deudeuh teuing, Akang. Enya teu nanaon. Anggur mah geura indit deui neangan gantina. Sok ku Uneh didokeun pisan. Mudah-mudahan sing aya milik rejekina,” jawab Uneh pinuh ku rasa iba kanu jadi salaki.
Budak dua keur meujeuhna loba jajan. Sakola na di sakola anu kudu bayaran sabulan opat ratus rebu. Ceuk mitoha Uneh mah, ‘rek naon sakola dinu mahal, meureun sarua wae diajar mah. Saukur diajar maca, ngitung jeung raraban!’.
Deng, deudeuh ujang nyai. Alhamdulillah sakola dinu mayar teh ujang nyai geus bisa ngaji. Solat getol teu kudu dititah deui. Mantuan kolot oge teu kudu dipenta. Sing jareneng, Kasep, Geulis. Ulah siga Ema.
Segruk deui Uneh ceurik. Ngarasa nalangsa ku nasib diri. Boga salaki lain indit nganapakahan. Kalah anteng kangeunahan.
Pamajikan mah indit isuk balik sore. Luat-leet kesang neangan duit. Pas balik ka imah, kaayaan imah teu aya robahna. Kumbaheun anu kurut isuk, aya keneh. Seuseuheun nambru aya keneh. Dina meja sugan aya dahareun sakalieun ngobatan lapar jeung hanaang pas balik gawe. Estu kudu nyieun heula kuprak-kuprek ku sorangan.
Ras inget ka budak can dibekelan. Atuh isuk-isuk rek indit gawe teh boro-boro dangdan diwedak jeung dilupen. Hayoh we nguprek di dapur nyieun sarapan jeung jang bekelna.
Alatan teu boga duit, budak oge milu diajak hirup meurih. Sangkan bisa bayaran, antukna budak teh jarang dibere bekeul keur jajan. Dibekelan sangu wae sing gede supaya ulah kalaparan.
“Omat, Kasep, Geulis. Ulah rek rendah diri. Batur jajan, ke urang oge aya waktuna. Doakeun ema sing deet rejekina keur hidep duaan nya!” ceuk Uneh hiji waktu ka barudakna dijawab unggeuk tanda panuju.
Alhamdulillah barudak teh sakitu namah teu minder. Daek narimakeun jadi jalma anu mibiga kahirupan anu sederhana. Padahal memeh bapa di-PHK, barudak teh ginding. Pakean oge mantes. Sapatu tara dipangmeulikeun anu ngajajar di pasar. Estu meuli teh ti toko anu aya hargaan.
Salianti leuwih alus, aya merekkan, sapatu anu hargana rada mahal mah awet dipakena. Atuh barudak, moal ngarasa era nalika ilu gaul ngabaur jeung babaturan nateh.
Untungna barudak teh can mulang ngaji di Ustadz Sobar. Jadi teu kudu nganyahoankeun indugna barang gawe bari ceurik sesegrukan.
**
