Ilustrasi tukang beca (gambar: rickshaw)
Tukang beca meunang hadiah lomba pawei ngahias beca. Ari becana lain bogana sorangan. Geus 15 taun manehna ngajalankeun beca bogana hiji randa.
“Naon hadiahna?” tanya awewe eta.
“Jam dinding, Bu.”
“Cik ningali!”
Sanggeus jam dicokot, awewe kolot eta kaget jam teh katingalina alus pisan. Manehna bet jorojoy hayang mibanda jam eta keur hiasan ruang tamuna. Sabenerna jam di rohang tamuna geus alus. Ngan awewe eta memang babari panasan kabita ku barang nu karek katenjo.
“Jual ka kuring, nya!”
“Hapunten, Bu. Margi ieu hadiah, kagungan ajen nyalira kanggo pangalaman hirup abdi salaku tukang beca.”
“Barang siga kieu teu pantes Emang piboga.”
“Muhun, saupami sanes hadiah mah leres teu payus. Nanging ieu teh hadiah, kedah tetep pribados ajenan.”
“Emang mani pedit pisan, padahal lain rek dipenta. Rek dibeuli ieu jam teh.”
“Sanes pedit Bu, pribados lebar kana barang sajarah ieu teh.”
“Ah Emang mah! Lamun lain beca kuring, Emang moal meunang hadiah nu kieu. Jeung lamun teu karana beca kuring moal ngakeul. Anak pamajikan moal dahar.”
“Ibu oge tuang tina kesang abdi,” jawab tukang beca bari angger nahan diri. Hanjelu oge kudu ditahan, ulah nepi ka kudu saruana. Kalah kumaha oge manehna keur pahareup-hareup jeung dunungan. Mempertahankeun hak lain berarti kudu nembobgkeun sikap arogan.
“Kehed! Maneh pan ukur tukang beca.”
“Muhun, abdi ukur buburuh ngabeca. Dua puluh rerencangan abdi nu ngajalankeun beca ibu oge disebat tukang beca sapertos abdi. Nanging emut, yen tukang beca teh anu masihan ibu tuang-leueut sareng raksukan.”
“Maneh hayang dipecat ngabeca urang nya?” tanya awewe eta bari teugeg. Paromanna beuki haseum kacida.
“Teu langkung ibu,” jawabna deui.
“Bakal kalaparan maneh.”
“Allah nyayagikeun rizki dimana-mana asal abdi kersa didamel.”
“Indit ti dieu! Runtah maneh!”
“Dipayuneun ibu, abdi runtah. Tapi di payuneun pangadilan Allah jaga bakal katingal saha di antara urang anu bener-bener runtah,” ucapna bari ngaleos.
