Cikopi

Estimated read time 8 min read
Share This:
See also  Curahan Hati Seorang 'Korban' Sistem Zonasi

Cikopi

“Kang, teu acan berés?” ceuk Ida bari ngadeukeutan nu keur anteng mayunan laptop.

Kang Agus téh Asa can menta cikopi gerentesna. Terus niténan eusi ketikan dina laptop sakedapan. Ida ngabirigidig, “ah lieur Ida mah ningali nagé,” pok natéh bari tuluy ngalengkah deui. Leungeunna sibuk ngahadekeun bengkeut buuk. Kaangseu seungit buukna bangun anu tos kuramas.

Poé ieu poé Jumaah. Barudak keur pakanci indit jeung sobatna masing-masing. Kasempetan Ida rék bébérés imah anu geus saminggu can kacabak lantaran sibuk gawé. Unggal poé ngan ukur kaburu sasapu jeung ngepél wé isuk-isuk saacan indit téh. Ayeuna mah rék dibérésan, dielapan sangkan teu aya deui kebulan. Rék ditata saban juru dipapantes.

Sangkan leuwih sumanget, Ida téh mandi heula supaya seger. Teu cara bisana hawa téh panas kacida sanajan nyedek ka isuk. Sapeupeuting teu bisa saré tibra alatan bayengyang teu genah kana awak.

Lain deui jeung salakina. Agus mah ti sabada solat isa kamari, can kungsi cengkat-cengkat acan tina korsina. Teu eureun migawé tugas ampir unggal poé Jumaah Saptu kinuna téh. Geus rék dua taun, ti saprak manéhna kuliah program doktoral di salah sahiji paguron tinggi negri di Bandung.

“Sakedik deui,” jawab Agus bari matana mah angger fokus kana layar laptop. Keur ngabéréskeun tugas kuliah anu soré engke kudu disetorkeun ka dosén; teu meunang telat.

Kuliah dina umur opat puluhan mah geuning loba luh lah na. Pabeulit jeung pagawéan pokok. Unggal poé indit isuk balik poék. Kuliah kelas karyawan asup poé Jumaah jeung Saptu. Estu kudu bisa ngatur waktu keur ngerjakeun tugas téh. Boro-boro santey. Peuting ieu waé teu karasa geus isuk deui. Asa cikénéh tas solat isya, langsung kana laptop. Kaselang ku adan subuh, ayeuna geus wanci meletak panon poé. Tugas can bérés kénéh waé.

“Liren heula atuh, Kang. Sawewengi teu acan kulem pan,” ceuk Ida deui bangun anu pinuh ku kahariwang.

“Ké sakedik deui,” jawab Agus bari angger neruskeun pagawéan.

Ida ngorolos deui ka beulah dapur. Jol mawa sapu injuk. Sok, manéhna sasapu.

Agus beuki anténg ngetik.

Tugas téh kudu alus, sanajan dikerjakeun dina waktu anu singket. Ceuk Ratna ogé kuring téh kudu geura bérés S3 na. Gerentes haté Agus

“Gejul téh, naha bet jadi inget ka Ranta?” Agus kukulutus satengah ngaharewos bari luak-lieuk sakedapan. Rét ka Ida anu anteng sasapu geus maju ka tengah imah.

See also  Bi Iin

Ratna téh anu salila ieu nyumangetan sangkan Agus neruskeun sakola deui. Sanajan memang diniatan ti baheula, nya ku alatan Ratna pisan Agus jadi sumanget kuliah téh.

“Akang mah pinter. Enggal rengsekeun S3 na. Supados Ratna enggal ngahadiran sidang,” ucap Ratna anu hésé dipapalérkeun. Ngucap kitu natéh bari gumujeng.

“Ratna oge badé sakola deui, mung engkin wé ayeuna mah badé nabung heula,” pokna deui.

“Muhun ke deui. Akang heula wé ayeuna mah,” jawab Agus waktu harita.

Teuing pédah naon, sok ras asa hanyang mantuan ngabiayaan Ratna kuliah. Duka kunaon, ningali sumangetna pikeun neruskeun sakola téh Agus sok milu miboga sumanget anu kacida gedéna.

Kabayang lamun ayeuna Ratna maturan ngerjakeun tugas. Meureun moal baluweung kieu. Aya batur mikir, maturan memerés eusi otak anu pajuriwet siga benang kusut. Kadang sok aya teori anu teu kataékan. Nya ku diskusi jeung Ratna mah anu ngabatu téh jadi cair. Ibarat es anu kahaneutan. Jeung Ratna mah anu buntu ogé jadi ngadadak nimu jalan. Pokokna mah sahaté, safrekuensi ceuk basa keren namah.

“Bade ngopi ayeuna, Akang téh?”

Sora Ida meupeuskeun lamunan. Haté Agus ratug tutunggulan.

Na ti iraha Ida aya di dinya? gerentes haténa.

“Akang ngalamun nya?” pok Ida deui.

“Rada puyeng puguh ieu téh. Tugasna sesah,” jawab Agus ngabohong.

Agus imut kanjut. Mindingan rasa jeung haté anu masih noroweco. Sok sieun Ida ngarasa yen manehna keur mikiran wanoja lian.

“Muhun, saena mah pangdamelkeum wé,” jawab Agus. Manehna kakara sadar geus sabaraha jam lilana can nginum-nginum deui. Lamun bari ngopi asa bakal pédo. Sugan rada aya enyas-enyas deui nugas téh, ceuk pikirna.

“Nganggo gula?” tanya Ida deui.

“Nganggo wé sakedik mah,” jawab Agus bari ngarérét sakedapan.

Ida ngaleos ka dapur. Dituturkeun ku paneuteup Agus. Ida teih geulis kénéh sanajan geus lila dipihukum ku Agus. Welasan taun lilana ti basa manehna bérés kuliah. Ida, awéwé anu cerdas, lulusan kampus kasohor di Bandung. Milih Ida téh, lantaran Agus mah resep kanu pinter, asa bungah wé boga bébéné anu piter téh.

“Cerdas, itu keren. Menarik,” ceunah. Kalimah anu sarua pernah diungkapkeun ka Ratna basa munggaran manéhna ngobrol jeung Ratna pas panggih di acara seminar. Terus jadi deukeut alatan sering panggih pas kuliah. Agus ogé kakara apal yén Ratna téh sakampus jeung manehna papada nyokot kelas karyawan. Ngan beda jurusan hungkul. Ratna keur sakola S2 sedengkeun manéhna keur ngeureuyeh S3.

See also  Internetan

“Gelasna nganggo mug anu hideung nya!” Agus ngagorowok.

Mug hideung téh pamere ti Ratna basa panggih panungtungan. Asa teu puguh rasa, pipisahan jeung Ratna téh. Teu bisa digambarkeun ku kalimah anu merenah. Duka pedah naha. Aya nyeri anu ngagerihan haté pas apal yén Ratna rék indit jauh. Asa rék ditinggalkeun kamana.

“Kang, Ratna tos lulus. Rupina moal tiasa tepang deui di kampus. Ulah sono nya!” pok natéh.

Masih kabayang rindatna anu pikaresepeun. Imutna anu manis, cara ngadilak jeung rengkak paripolah na sok matak sono hayang tepang unggal waktu.

Hayang, nyaan nagé hayang pisan, nahan Ratna sangkan teu kudu indit jauh sagala. Hayang ngedalkeun rasa harita kénéh yén ieu diri rumasa geus kabandang cinta ka Ratna. Ngan kumaha nepikeunana. Saha Ratna, saha ogé dirina. Lalaki anu ngaranna Agus Kurnia téh kapan geus rumah tangga. Itu budak jeung pamajikan di imah kumaha?

Tapi naha Ratna téh bet téga ngajauhan sagala?

“Ieu tawis tineung ti Ratna. Ulah hilap nya ka Ratna,” pokna deui bari ngasongkeun kantong tina kertas warna cokelat. Rét, ditingali ku Agus jerona aya bungkusan warna biru langit.

“Naon ieu, Neng?” tanya Agus.

“Hoyong terang? Sok wé buka ayeuna!” ceuk Ratna bari imut.

“Ah, moal. Ké wé di bumi,” jawab Agus males imut anu moal bisa dipopohokeun. Rindat anu moal bisa dipapalerkeun. Komo cara Ratna ngajelaskeun atawa nepikeun argumen mah. Éstu babasaan téh katata apik kacida. Matak genah anu ngupingkeun nana. Rarasaan mending kuliah didosenan ku Ratna daripada diuk di kelas diajar ku dosén aslina. Ku Ratna mah gampang kaharti. Padahal sacara tingkatan, justru kuring anu keur kuliah leuwih luhur ti manéhna.

“Ieu, Kang. Mangga,” ceuk Ida bari nyodorkeun cikopi dina mug hideung karesep Agus.

Agus ngagebeg. Lamunan na buyar. Imut Ratna ngaleungit saharita. “Hatur nuhun nya,” ceuk agus bari rada salah tingkah.

“Tuh da Akang mah ngahuleng waé. Pami tos puyeng mah, entos wé atuh, Kang. Sanggakeun saaya-aya. Anu penting mah ngempelkeun,” ceuk Ida.

Gék manehna diuk di gigireun Agus. Rot, ngaleueut cai herang dina gelasna.

See also  Curahan Hati Seorang 'Korban' Sistem Zonasi

Tuh da nya, Ida mah kalah nitah ngumpulkeun saayana. Mun Ratna mah pasti nitah ngamaksimalkeun. Agus ngarasula dina haténa.

“Teu kenging nyerah, Akang pasti tiasa. Akang mah hébat. Yakin Ratna mah!” Kalimat éta anu sering diucapkeun Ratna lamun Agus nyarita yén tugas anu keur dikerjakeun hese dipigawe.

Kamana anjeun teh, Neng… Ieu bantosan Akang! gerentes haté Agus.

“Sakedik deui, manawi. Masih panasaran,” jawab Agus terus nyokot kopi dina mug warna hideung. Rot kopi diinum. Sengitna diseuseup bangun anu nikmat kacida. Bray pipikiran karasa leuwih cangra teu cara tadi saacan ngaleguk kopi; eusi otak lir ibarat dina guha. Poek mongkleng buta rata.

“Raos nya kopi téh-ari dina mug ieu mah,” ceuk Agus bari ngacungkeun kopi ka Ida nu keur neruskeun deui hanca ngelapan parabot.

“Har, ari Akang. Cikopina atanapi mugna na nu raos téh?” Ida nembalan bari gumujeng ngabeuleukeuteuk bangun anu ngarasa lucu.

Raos mugna, ceuk haté Agus. Aya rasa tenang pas ningali raray Ida anu mrahmay bari bisa gumujeng téh. Sok sieun bendu jeung timburu wé Ida téh. Ngan lamun timburu ogé timburu ka saha? Asa pamohalan lamun timburu kana mug hideung mah dan Ida téh kapan teu apaleun saha anu meréna. Ah, henteu. Ida téh pooteu timburu.

Regot cikopi teh diinun deui. Raray wanoja anu ngahadiahan mug téh nembongan deui. Terus imut bari meré paréntah, “enggal bereskeun supados enggal rengsé!” ceunah. Ratna imut sakali deui. Imutna beuki kareueut.

Agus mutuskeun pikeun ngahanca deui pagawéanna. Ramo na beuki lancar ngetik. Eusi otak beuki béngras. Urutan teori jeung naon anu kapanggih di lapangan karasa luyu ayeuna mah. Tugas Agus sakeudeung deui bakal anggeus.

**

Wanci nyerélék. Jam sawelas Agus amit ka Ida rék jumaahan terus tuluy ngampus nyetorkeun tugas. Baju koko warna hejo sagé dianggo. Agus geus gandang siap ibadah jumaahan. Saacan indit, teu poho Agus ninyuh deui cikopi. Ayeuna mah teu maké gula, estu ngan kopi hideungna hungkul.

“Mekel, Kang?” tanya Ida.

“Muhun, sok tunduh upami nuju nyetir,” pok natéh. Cikopi dieurihkeun kana mug, terus ditutupkeun sina pageuh sangkan cikopi teu gancang tiis.

Sanggeus Agus amitan ka Ida, mobil ngoloyong ka beulah kalér. Cikopi dina mug maturan sajajalan. Ngajakan ngobrol norowéco ngalér ngidul. Atuh teu kaliwat bahasan ngeunaan tugas anu cikénéh bérés tea.

Cag!

Share This:
Diantika IE https://ruangpena.id

Author, Blogger, Copy Writer, Content Writer, Ghostwriter, Trainer & Motivator.

Kamu Mungkin Suka

Tulisan Lainnya

+ There are no comments

Add yours