Haseup saté ngelun ka langit. Nepungan béntang anu baranang jeung bulan anu ngan sapotong. Sora jangkrik marengan. Katenjo ti kajauhan, cika-cika ting kariceup palebah kebon kopi hareupeun imah.
Buruan téh rada lega. Jeung tatangga ogé anggang. Lampu teu pati caraang, peuting simpé, padahal kakara liwat wanci sareupna. Kieu yeuh, betahna ari di lembur téh. Tiis ceuli herang panon téh enyaan.
Cikénéh lebaran haji téh. Karék kaliwat tilu poé. Masih boga setok daging. Ongkoh mawa ti dayeuh, ngahaja rek ngirim kolot.
Rék dika ngebul haseup saté téh. Moal milaraan tatangga sugan. Sabab ayeuna mah keur usum na. Insyaallah unggal suhunan papada boga.
Peuting ieu rék dahar jeng saté. Daang mewah ayeuna mah, matak ponyo.
Alhamdulillah lebaran haji téh éstu mawa barokah. Kuring mah nganuhunkeun pisan kanu parantos ngalaksanakeun ibadah kurban taun ieu. Lantaran anjeun sakabéh, jalma biasa kaasup kuring anu langka ngadahar daging jadi milu ‘pésta saté’. Mudah-mudahan ké jaga kuring ogé dimampukeun sangkan bisa kurban deui.
Da kumaha nya, panghasilan sakikituna lain teu mentingkeun. Apal kuring ogé, yén kurban téh ibadah luhung anu gedé pisan ganjaranna. Hayang téa mah siga batur kurban téh unggal taun. Ngan kumaha atuh. Kabutuh teu raat-raat. Jol deui, jol deui.
Iraha rék neundeun sapésér? Unggal niat misahkeun kana tabungan, aya wé kabutuh téh. Bulan anyar si cikal bagian bayaran. Tengah bulan nu panengah aya kabutuh. Ahir bulan, jol deui nu bungsu aya kahayang. Keun ari kuring jeung pamajikan mah. Geus biasa nahan diri, nu penting boga béas jeung gas paribasana. Da deungeun namah jeung naon wé ogé teu burung nikmat dahar mah. Asal keur lapar. Atuh ayeuna alhamdulillah bisa neda jeung anu ngaranna gepuk, rendang, ogé saté.
Biasana manggih gepuk, rendang jeung saté téh lamun neda dinu hajat taun kali. Eta ogé lamun nu hajatna hajat rongkah. Jeung éta ogé lamun nu hajatna ngondang. Da teu diundang mah moal bet bisa dahar sagala.
Ayeuna pisan rék nyaté. Daging geus dikeureutan. Sok digaloan ku bumbu sangkan nyerep. Bahasa kerén namah dimarinasi ceunah. Atuh tusuk saténa mang Dani geus nyieun ti anggalna. Di lembur mah loba tangkal awi. Teu siga di dayeuh butuh tusuk saté téh kudu meuli ka super markét.
Mang Dani téh adi. Disebut mamang sotéh pédah geus papada boga umur, sakalian ngamamangkeun barudak. Kuring sorangan geus 40 taun leuwih. Sakedap deui yuswa téh satengah abad. Éta ogé pami gusti Allah masihan umur nepi kana titik atanapi ngalangkungan sunnah Nabi. Kapan umur mah saha nu uninga?
Mang Dani kamari nyampeur ka imah, ngajakan balik. Mangtaun-taun ngumbara balik ka lembur téh momentum anu ditéangan pisan. Lamun aya waktu libur rada lila, geus kudu maksakeun manggihan nu jadi kolot. Sanajan kudu lumpat sorangan teu jeung anak pamajikan.
Geus lila teu panggih jeung sepuh. Atuh teu harésé, kuring ogé gura-giru milu. Alhamdulillah ayeuna bisa tepang jeung Ema sareng Apa. Saréhat alhamdulillah aranjeunna téh.
Nyaté di lembur mah resep. Haseupna katara ngelun nepi ka langit nembus poekna penting. Sabab di lembur mah imah na ogé kapan teu rékép teuing. Lampuna teu pati caraang siga di dayeuh. Asal bisa nyaangan jalan jang leumpang, cukup. Jadi poékna peuting téh enyaan hideung. Bulan anu sapotong ogé jadi écés, ngadon milu nenjokeun anu keur nyaté.
**
“A, geuwat kadieu, kalah ngalamun!” ceuk Dani nu keur sibuk ngageber saté luhuren areng batok ruhay. Selengseng kaangseu saténa beuki seungit.
Kuring ngan ukur nyéréngéh. Imbit asa beurat teu bisa nangtung. Diuk dina balandongan imah ema mah sok betah, genaheun pisan. Ngalamun téh terus dituluykeun. Bari ningalikeun Dani anu papuket sorangan.
Breh pameunteu Ratna anu sok bendu lamun ngangseu bau daging sapi atawa domba.
Pananganna pakupis nutupan pangambung ku masker atawa ku tiungna. Terus peurem beuta siga anu séépeun oksigén.
Karunya Ratna mah. Teu kuat ku daging. Boro-boro nuang. Ngambung bau nagé teu kuateun. Deudeuh Néng… Aa sono. Gerentes dina haté.
Hanjakal teu kapimilik hidep teh, Geulis. Bongan alim diwayuh.
Rumasa kuring téh lalaki nu teu bisa nahan rasa. Geus kulawargaan ngadon deudeuh ka Ratna. Mojang geulis camperenik. Rumasa sieun ngarumpak aturan gusti, nya Ratna téh ditalian ku akad. Ngan hanjakal jodo téh teu manjang. Ayeuna Ratna geus lain-lainna deui.
Deudeuh Néng. Hapunten Aa nya. Haté ngadadak nyeri ngabayangkeun kaayaan Ratna anu sok sering ditinggalkeun harita.
Boro-boro nepi ka nyaté dina mangsa lebaran haji. Kapan éstu, Idul Fitri ogé urang téh teu pernah ngumpul ngariung kumaha sakuduna hiji kulawarga.
Néng, Aa sono ningali hidep kukusekan nahan bau. Lucu Neng mah.
Inget basa harita mimiti wawuh jeung manéhna. Aya acara meuncit sapi di kantor. Sakabéh karyawan kudu hadir. Néng Ratna maksakeun hadir. Tapi kalah nyumput dinu jauh. Embung ningali anu keur ngajagal. Komo ngadon mantuan nyacagan mah. Pamohalan teuing.
Tuluy diajakan calik. Néng Ratna nurut najan bari tetep nutupan pangambungna ku tiung.
“Naha atuh Néng teu sedep pisan kana daging?” cekéng téh.
Néng Ratna godeg. Terus nyarita yén sakabéh anggota kulawargan na ogé sarua teu resep daging.
“Atuh pami usum kurban batur nuang daging Néng sok nuang naon?”
“Gampil. Masih seueur tuangeun sanés asal ulah daging,” ceunah. Ngajawab natéh bari ketus. Tapi angger lucu néng Ratna mah.
“A, buru kadieu!” ceuk Dani sakali deui nyalukan.
Asa ngarénjag tina lamunan. Saté nu geus asak numpuk dina piring. Ku kuring saté téh dicokot tuluy dibawa ka tengah imah. Sok disimpen dina samak dideukeutkeun jeung nu séjénna.
“Asak, Gus?” ema naros bari cakah-cikih ngunjalan piring jeung cangkir ti dapur.
“Atos, Ma. Kantun anu digebér kénéh ku Dani,” cekéng téh.
“Naha Agus mah teu bau haseup? Milu ngagebér teu?” saur bapa anu ti tadi tos sila mayuman sangu saboboko.
Kuring ukur nyéréngéh. Rumasa ti tadi ogé ngadon ngalamun.
“Gus, masih sok panggih jeung Néng Ratna?” pok natéh.
Gebeg. Haté asa ngalenyap sajongjonan.
“Tos lami henteu, Pa. Néng Ratna mah tos bagja sareng nu anyar rupina.”
Ngajawab téh bari haharewosan, sieun kanyahoan ku Dani. Sabab dina hal ieu mah ukur ema jeung pun bapa hungkul nu uninga.
Ras inget deui ka Ratna. Haté ngalengis, nalangsa.
Naha atuh bét teu manjang jojodoan téh Néng…?
“Enya atuh keun waé. Geus kitu kuduna meureun. Daripada ayeuna ku Agus teu katedunan kahayangna alatan diwayuh. Mending anu hiji tur utuh,” jawab bapa.
Kuring unggeuk, satuju kana naon anu disaurkeun ku anjeunna. Teu lila torojol Dani mawa piring saté anu panungtungan.
“Alhamdulillah bérés. Hayu ah urang sikat. Lapar yeuh!” poknatéh. Dani tuluy sila gigireun bapa. Siap-siap ngalas sangu kana piring.
Seungit saté beuki seungit. Pikiran kuring beuki manteng ka néng Ratna anu kalah dikumaha ogé moal pernah beuki nuang saté.
Tuang Néng…. gerentes na haté. Siuk kana sangu tina boboko. Terus nyendok sambél jeung angeun jantung anu haseupna ngebul panas kénéh. Pédo.
Cag!
Wilujeng idul adha teh. Asa maos mangleee sono pisan 😭, pamugi diseueurkeun deui kolom konten sapertos kieu. Aamiin.
Aamiin yaa robbal alamiin. Hayu urang pinuhan deui ku konten anu sapertos kieu