Wanci haneut moyan, Nining diuk dina korsi taman sarengsena meresan pepelakan. Nyabutan jukut anu ngabalaan kekembangan, “sok tara subur,” ceunah lamun loba teuing jukut anu milu hirup di sabudeureun pepelakan teh.
Biasana, Nining teh sok ngahajakeun olah raga sangkan awak tetep sehat. Maklum geus genep bulan lilana manehna teh eureun gawe kantoran. Ngadon cicing di imah, muka usaha sorangan minangka namah. Jualan online anu keur negtren zaman kiwari.
Nining mah boga kabisa, sagala diajar. Atuh ayeuna najan karek genep bulan, usaha teh geus katembong perkembanganna. Malah geus aya genep pagawe anu mantuan Nining ngurus usaha anu dilakukeun di imahna. Ayeuna mah Nining teh bisa santey. Wanci haneut moyan bisa ngurus kembang heula di taman hareupeun imahna.
Ngan poe ieu mah Nining teh rada nguyung. Tingali we, biasana tos nyebor kekembangan teh sok ngadon senam, lulumpatan dina mesin, Yoga di taman. Ayeuna Nining ukur hulang-huleng bari gap deui, gap deui kana hapena. Nungguan beja ti bebenena. Ngan anu ditungguan teu daek malesan pesan.
Kamari jeung poe-poe sateuacanna, lamun wanci haneut moyan teh Aji aya nga-Wa ka Nining. Ngirim pesan romantis bari teu weleh dibuka ku uluk salam. Kalimatna lain kalimat gombalan, sederhana tapi keur Nining mah bisa jadi hiji kakuatan anu kacida gedena. Kabayang, komo lamun geus rarabi jeung Aji. Hirup teh bakal endah kacida. Unggal poe panggih, teu kudu pajauh-jauh siga ayeuna.
Aji mah soleh tur sopan. Lamun ngirim pesan teh teu cara lalaki anu lian, nu sok ngaheureuyan ku basa rayuan tur gombalan anu matak heneg.
Teu. Nyaan nage Nining mah teu kabita kunu loba carita. Komo deui anu sok ngarayu, muji-muji bari jeung teu puguh basa. Pajarkeun teh, “Nining mah geulis.” Padahal kapanan can pernah wanoh-wanoh acan. Ukur ningali pameunteu dina media sosial.
Naon atuh resepna media sosial? Nyata namah loba kapalsuan. Kaasup Nining pan. Moal enya rek nga-aplod rupa nu keur goreng patut. Komo da Nining mah kapan teu resep dangdan. Barinage da teu bisaeun dangdan siga batur. Nu lian mah, dangdan teh meni
Sakapeung sok hayang siga batur bisa make blush on atawa eye shadow anu diterapkeun dina pamenteu, lir ibarat maestro anu ngalukis dina kanvasna. Endah matak narik ati anu ningali. Beunget hinyay oge kapan jadi gareulis pisan geuning. Matak pangling.
Tapi da memang teu bisa didinding kelir. Ceunah anu pernah paamprok jeung Nining teh loloba namah resep. Lain pedah ku geulisna. Tapi cara Nining ngorbrol, rengkak paripolah na anu sopan. Gumujeng na anu manis tur eta paroman anu amis budi. Pikeun lalaki anu teu ndandelkeun rupa mah awewe siga Nining teh anu didama-dama. Awewe anu bisa mhahargaan lalali ku paripolah.
Nining mah kalem, teu ganjen, teu cumentil. Tapi teu cicingeun oge. Nining mah lamun diajak ngobrol teh nyambung wae. Komo dirojong ku elmuna. Nining mah sakolana luhur. Geus kitu teh, daek gaul miluan organisasi.
Kaasup Aji anu saurang aktivis kampus. Aji teh ceunah resep kacida ka Nining. Lamun aya kagiatan bareng, Aji mah sok jadi sumanget pisan sabab rek tepang jeung Nining idaman hati na tea.
Ngan hanjakal, Aji teh can bisa bebas wakca balaka ka balarea. Acan bisa go publik jeung Nining teh sanajan Nining geus uninga lamun Aji teh boga rasa ka manehna.
Nining oge resep ka Aji. Ngan nya kitu tea, naha kudu dirusiahkeun sagala? Kapan batur oge lamun tos jadian teh, jadi bisa leumpang bareng di tempat umum.
Antukna anu aya dina pikiran Nining teh akhir namah, Nining curiga yen Aji teh geus rarabi. Matak teu bisa ngumumkeun ka balarea.
“Ah, ayeunama waktuna move on, Ning. Nu katingali soleh can tangtu bener. Rea kasaksian ku Nining pan,” ceuk Nining ngomong sorangan.
