Aki-aki kuncen alam anu pernah kapanggih ku kuring, jadi alarm sangkan teu sagawayah ngalakonan pagawean. Alarm keur kuring yèn hirup di dunia kudu saluyu jeung alam nu dibikeun ku Gusti Allah pikeun urang. Teu kabeh nu aya di dunia bisa kapimilik jeung bisa nyenangkeun urang sacara kaduniaan.
Bulu punduk kuring muriding, awak kuring muringkak saban carita ieu dibejakeun ka batur. Utamana babaturan sapagawean nu boga lakon sarua. Pangalaman kuring harita, kudu jadi pembelajaran jeung jadi bahan diajar keur kabeh umat manusa lain ukur tukan nuar kai wae.
Harita panon poè pas pisan keur dina luhureun ubun-ubun, kuring jeung Arip kapancen tugas ku bos kai tempat kuring digawe. Kuring jeung Arip meunang tugas kudu indit ka leuweung Ciganitri, nuar kai nu ceuk bèja buleudanna satangkeup jalma. Kuring nginget-nginget eta leuweung sanget kacida, tapi ceuk pikir mah sugan lain di lebah kuring nuar tanggkal kai.
Dunungan nyaritakeun, tangkal teh geus di wates make ciri. Cirina nyaèta kaèn hideung nu dibeulitkeun sababaraha balik. Kuring jeung Arip sakeudeung ngarasa aneh paadu teuteup, teu biasana konsumen krèatip kitu.
Biasana mah nu rek ngajual kai teh manggihan kuring nu rèk nuarna, nganteur ka kebon jeung merhatikeun kuring gawè. Kuring geus biasa dimandoran ku nu boga kai, sabab ngareunah kana hatè ogè. Bisi kuring jeung Arip salah nuar, salah wates, atawa nu boga kai robah pikir jeung nyaah kana kai nu raleutikna.
Saumur-umur kakara ieu kajadian, dunungan aya nu nelepon ngajentrekeun rek ngajual kai di Ciganitri, manehna teu ngajelaskeun deui eta kebon saha. Hayang tau berès wè, ceuk dunungan teh.
Tina tungtung sambungan telepon ukur aya tambahna saeutik. “Di Ciganitri pangwètan na, sapetak memèh makam aya kebon Suuk nu tengahna loba kai an. Didinya nu rèk dijual geus dicirian ku kaèn hideung.” Parentah dunungan dituluykeun ka kuring jeung Arip nurutkeun arahan tinu nelepon.
Kuring jeung jeung Arip silih tempo jeung teuteup, Arip unggeuk nyirikeun nyatujuan pagawèan anyar èta. Kuring pribadi ragu, sabab kakara nyaho beulah dinya aya nu boga kebon suuk. Kuring surti, Arip mah budak ngora nu teu nyaho sasakala lebah dinya, dapon unggeuk waè jigana.
Teu makè lila, Arip ngahurungkeun motor ngajak kuring nu geus ngais mesin potong. “Hayu mang, tereh anggeus mah tereh mulang ogè. Kuring rèk tuluy balik yeuh bagian ulin ka Neng Inten.” Si Arip ngarurusuh, abong budak ngora bisa rusuh jeung sumanget digawe alesanna rek ulin ka awewe.
Satepina di tempat, kuring lalaunan pisan nitenan kebon. Kabeh eusina kai gede teu nembongan tegal suuk sapetak ge. “Mang, ieu bener ka beulah dieu? Leuweung geledegan kieu, deukeut makam, aya kitu nu molah suuk?” Arip luak lieuk nurutan kuring neangan kebon nu dipimaksud tea.
“Mang Kumis! Ieu meureun euy kapanggih. Aya kai nu dibeungkeut kaèn hideung, deukeut makam, jeung pelak suuk dihandapna. Bener ieu Mang!” Arip ngajentrèkeun ka kuring daria naker.
Kuring jeung Arip jongjon diuk heula dina batu gede sisi kebon. Niat rèk beberesih, jeung nyiapkeun kaperluan gawè. Cek alat, ngukur tangtungna kai, ngukur kamana urugna kai sangkan teu ninggang nu lian, jeung sajabana.
Sajongjonan kuring nyiapkeun alat, Arip amitan rek ngilikan sabaraha lobana kai nu kudu dituar ku urang duaan poe ieu. Teu lila datang aki-aki make pangsi, awak jangkung, kumis bodas jeung mawa padud nu teu di kenyot ieuh. Manehna ngadon milu diuk ka kuring, mawa ngobrol ka kaler ka kidul netèlakeun paniatan kuring jeung babaturan.
Aki-aki nu umurna kira-kira tujuh puluh taunan eta, neuteup kuring bari semu mapatahan. “Kade jang, beulah ditu aya nu teu kasaba ku jelema. Tara aya nu kadieu, komo nuar kai. Aya diantarana nu teu meunang dituar komo dijual.”
Kuring ngahuleng, mikiran runtuyan kecap aki-aki aheng eta. Teu lila Arip datang deui mawa meteran bari ngabejakeun lobana tangkal nu aya kaen hideungan. Aki-aki nu milu diuk tea ngadon menta kopi jeung udud ngaharewos ka kuring.
Teu lila kuring nitah Arip ninyuh kopi hideung jeung ngaluarkeun rokok. “Yeuh kang.” Ceuk Arip ka kuring.
“Lain keur kuring Rip, eta keur si Aki!” Ceuk kuring pinuh ku kayakinan ngarasa si Arip kurang sopan.
“Lah, pan enya Aki Kumis lin? Yeuh tah, ku kuring geus diguyerkeun di teundeun handapeun tangkal Jèngkol wè nya, sakalieun jeung rokok. Oge opieunna.” Ceuk Arip keukeuh.
Kuring ngalieuk, aki-aki aheng eta sabenerna aya di kencaeun Arip. Seuri jeung unggut ka kuring tapi teu ngomong sakecap-kecap acan. Kuring mimiti ngarasakeun hiji kaayaan nu teu lumrah. “Rip, maksud kuring mah eta keur si aki. Sok kadinyah ninyuh deui.” Kuring ka Arip negeskeun.
“Jang saha atuh kang, ieu geus dua gelas kuring ninyuh kopi. Aya ku bedas ek sagelas deui, eta ge bet panas jeung pinuh keneh atuh.” Ceuk Arip nu pinuh ku pamadegan.
“Enya eta keur Aki Kumis pan? Hahaha. Ampun ah, sagelas-sagelas atuh Kang.” Arip ngucap beuki aneh, kuring ngarasa Arip teu nempo eta jirim aki-aki kencaeunna.
Si aki neuteup kuring jiga nu keukeuh neundeun peupeujeuh. Kuring tungkul nyuruput kopi, sawaktu eta oge si aki leungit teu kanyahoan, teu katempo tapak jeung laratanana. Kuring ngahuleng, mikir nu teu puguh jeung teu kaharti ku akal manusa.
“Hayu Kang wang mimitian.” Ceuk Arip muka obrolan.
Kuring langsung ngahurungkeun mesin. (Ngoeeng.. ngoeeng… ngoeeng.. jet jet jet.)
Aneh, mesin teh bet teu bisa diajak digawè. Kacida hèran na, sabab sagala aspek mesin geus bener-bener di cèk. Sagalana mulus tanpa kakurangan, kuring jeung si bos geus nyiapkeun sagalana kaasup alat bengkel keur mesin bisi ruksak tengah leuweung.

Ku kuring dihurungkeun deui (Ngoeeenng… ngoeeeng… ngoeeeng.. ngoeenng…)
Mesin teh bener, teu salah nanaon saeutik ge. Tapi heran na, bagian dikeuna keun kana kai tuareun, mesin langsung ngarti paeh jeung ngajak eureun.
Geus opat kali kitu jeung kitu, diajaran kana tangkal sejen kitu keneh wae. “Ah, Rip. Moal enya ieu teu meunang hanca. Gawè sajauh-jauh rudet ku mesin.” Ceuk kuring ka Arip nu gagaro teu ateul.
“Kumaha atuh Kang, nelepon si Bos ieu? Hayuh wae kieu mah rugi atuh urang duaan.” Ceuk Arip mere pilihan.
“Ke, sugan reureuh heula mah. Poho, tengah poè pisan ieu urang ngamimitian gawè na. Teu sisinglar heula.” Ceuk kuring ka Arip.
“Nya atuh Kang, urang reureuh waè deui.” Ceuk Arip panuju kana paniatan kuring.
(Hanca)
