Aya mangsana datang, aya mangsana mulang. Mulang jeung datang pinasti kateang.
Sakabeh jalma anu hirup di dunya moal leupas tina dua mangsa anu papasangan. Aya mangsana sehat hiji waktu bakal papanggih jeung waktu gering.
Aya mangsana jaya bakal aya oge mangsana apes atawa cilaka. Oge nya kitu deui, aya mangsana datang aya mangsana mulang. Babarengan terus pipisahan. Hirup oge bakal ditutup ku maot. Kabeh anu kaalaman ku manusia teu leupas tina papasten Gusti Allah nu Maha Kawasa.
Saprak ti sababaraha poe katukang, kuring loba ngalamun, ngaragap kakurangan, kasalahan jeung nasib diri anu tangtuna dijieun ku sorangan.
Sok sering ngarasa dijarauhan, kaharti ayeuna mah. Sabab kuring teh lain jelema anu bisa lemah-lembut siga batur. Teu bisa someha lamun ukur pura-pura. Rumasa kuring loba kakuranganna, rumasa ngan ukur manusa biasa, nu teu sampurna.
Pasti katiley ku balarea mah ieu teh sipat anu goreng kacida. Buktina sanaggeus hiji-hiji ditanya soal pasipatan kuring, jawabanna hampir kabeh sarua yen kuring teh kurang someah ka sasama.
Nasib teu bisa didinding kelir. Geus kitu mah kitu. Uanggal kuring asup ka lingkungan anyar, hampir sakabeh jalma miboga anggapan yen kuring teh purah ambek, judes, pikasbeleun. Ayeuna pisan, katangen ti babaruran anu salila ieu kumpul ngariung. Yen kuring pikasbeleun.
Nun, Gusti…. Tulungan Abdi.
Deng, Gusti. Teu pisan-pisan. Hate mah teu weleh ngadoakeun sasama, sing soleh, sing sehat sarta digampilkeun rejekina. Kuring teu bisa mungkir. Memang paroman kuring mah kieu ayana.
Hate alus mulus oge, ari rupa kurang hade mah moal dipikaresep balarea.
Pernah ngangluh nganaha-naha ka pangeran. Kunaon bet miboga pameunteu siga kieu? Tapi kaburu sadar, yen manusa mah teu meunang loba protes kanu jadi pangeran. Nu nyoptakeun sagala rupa mahluk ku kasampurnannana. Kurang leuwihna teh mangrupa kasmpurnan anu hebat. Geus kitu kuduna. Lamun kuring geulis camperenik, can tangku kuring bisa keneh nulis ieu carpon. Pasti kuring geus sibuk jadi artis sabab boga rupa anu mantes.
Lamun kuring boga awak sampayan anu pantes wae diterapan naon rupa pakean, meureun kuring geus jadi model. Tungtungna sombong kabina-bina. Nauzubillah himondalik.
Tiap jalma aya kurangna oge aua leuwihna. Leuwihna keur nutupan kakurangan. Kurangna keur ngajadikeun batas sangkan teu sombong tur jumawa pedah miboga hal anu sampurna leuwih hade tinu lainna.
Tapi teu bisa dipungkiri oge, lamun kuring mindeng ceurik bari ngomong sorangan.
Pok nanya ka diri soranban bari ngeunteung. Neuteup pameunteu, ditataan tina soca, halis, taar, pipi, irung, lambey, sagala ditilik-tilik, “Naon anu matak batur boga pikiran lamun kuring teh judes?”
Terus nyobaan sura-seuri. Imut ngagelenyu, “ah, da asa teu goreng-goreng teuing,” ceuk gerentes hate.
Ngan aya ku kacida ceunah kuring teh judes tambah pikasbeleun.
Sok ceurik sakapeung mah. Ah, tapi da sagala oge aya mangsana. Kuring mah moal rek mundur ngalakukeun anu ku hate dianggap bener.
Moal mundur ngalakukeun kahadean. Bari terus-terusan ngadoa mudah-mudahan hiji mangsa kuring bisa mere mangpaat anu bisa dirasakeun ku balarea.
Keun wae teu hade rupa siga Anya Gerardin oge. Keun wae teu populer siga Mahalini oge. Kajeun teuing teu cerdas siga Nazwa Sihab oge. Teu paduli yen kuring teu sabeunghar Nagita Slavina.
Kuring moal rek eureun nyieun karya. Moal eureun ngalakukeun usaha pikeun kaajuan, moal rek kumeok memeh dipacok. Insyaallah kuring bisa.
Bisi hiji mangsa kuring dipundut kunu kawasa, terus can boga pibekeleun keur di aherat. Bisi hiji mangsa kuring teu bisa deui ngalakukeun pagawaea anu jadi tanggung jawab. Bisi, bisi…ieu mah. Hi
