“Pararusing pisan, Gusti…!”
Tini ambek-ambekan bari kakacak. Buukna anu tadi geus luis disisiran amburadul deui. Biwirna teu eureun ngocéh, kukulutus teuing ngomongkeun naon.
Tini téh padahal keur sasapu di tengah imah. Ngan diperhatikeun téh loba pisan ngajantengna. Eureun, kukulutus, terus sasapu deui. Kitu jeung kitu polah natéh.
Kardi salakina nu keur anteng ngopi ngarasa heran. Kaganggu ongkoh. Kopi anu tadina asa rék madep ogé jadi kurang karasa ngeunah sabab ningali polah nu jadi pamajikanana.
“Ari Nyai, kunaon atuh isuk-isuk geus kukulutus bari ambek-ambekan kitu? Meni teu ararindah sepagi inih ambek-ambekan. Ngopi ogé jadi teu ngeunah kieu!” ceuk kardi bari ngabalieur.
Cekes nyengeut rokok terus diseuseup. Haseupna bodas ngebul ka luhur.
“Muhun si mamah mah ti tatadi geura, Pa. Éh, ti wengi mangkukna ketang. Teu lirén kukulutus waé. Dédé oge rudet!” tempas Yudi bari ngahanca sangu goreng hareupeun TV.
Yudi mah tara kaliwat lamun rék indit ka sakola wajib sasarap. Salian bisi salatri, sasarap téh tikét supaya bisa indit sakola sangkan teu dicarekan ku indungna. ‘Pagi hari itu wajib sarapan, bukan hanya memperbanyak harapan,’ kitu ceuk indungna.
“Enya kunaon atuh ceunah, Dédé si mamah téh?” tanya Kardi deui. Ayeuna mah pok natéh bari sura-seuri. Dihaja supaya Tini teu serius teuing.
“Parusing atuh da, Akang… Ngabandungan nagara zaman kiwari. Naha kieu-kieu teuing!” jawab Tini bari gék diuk di gigireun salakina nu keur ngopi tadi. Cul, sapu injuk diteundeun heula. Disarandekeun dina tembok teu jauh ti tempat diukna.
“Kunaon atuh, pedah pilihan Nyai meunang itungan leutik?” pokna teh. Kardi sidik pisan kana katugenah anu jadi pamajikan. Ti mimiti usum kampanyeu Tini téh resep pisan ka salah sahiji paslon anu rek minton dina ajang pamilon presidén. ‘Cerdas pisan, hebat, soléh, picontoeun saréréa’ ceunah.
Tini ukur ngadilak. Terus jamedud. Biwirna beuki maju lima senti.
“Yeuh, Nyai… Keun wé atuh da geus takdirna. Saha waé ogé anu jadi pamimpin urang engkéna, éta téh geus ditulis di Lauhul Mahfudz. Ulah hariwang!” ceuk Kardi meréan papagah. Rot, kana kopi hideung karesepna. Cég kana gorengan tempe, dibarengan jeung ngegel cengek tumoké bangun nu nikmat.
Keur Kardi mah cukup kunu kitu sasarap téh. Sangu mah ké deui we di pagawean pas waktu istirahat, ceunah. Lamun sasarap na ngadahar sangu, sok jadi tunduh pas digawé.
“Tuh da Akang mah meni santéy kitu. Tini mah karareuheul da!” ceuk Tini bari jebras-jebris.
“Har… Yeuh Nyi… Teu kudu hariwang, rék saha waé anu meunang, Akang angger moal eureun nganapakahan manéh jeung barudak atuh. Kalem wé…,” jawab Kardi bari ngageuleuyeung ninggalkeun Tini.
“Da Tini mah lain pedah panutan Tini eléh, Akang. Lain teu percaya kana tanggung jawab Akang nu jadi kepala kulawarga. Tini mah pusing mikiran nagara. Naha mani kieu-kieu teuing. Ngabandungan berita, di mamana kanyahoan nu culas, éta sora rahayat diulinkeun. Karunya wé nu gawé na jujur ti isuk jedur nepi ka isuk deui. Capé-capé ngaprosés. Ari pas geus diitung sajujur-jujurna hasilna kitu!” ceuk Tini.
“Ulah waka suudzon jadi jelma téh. Urang diparentahkeun kudu tabayyun, alias neangan fakta anu sabenerna ku jalan anu leuwih hadé tur taliti. Jelas faktana. Ulah gampang percaya bisi jadi uranh anu ngalakukeun pitnah tanpa sadar. Bisa wé memang salah ngasupkeun angka. Manusa mah euweuh anu sampurna. Roko hungkul lain anu Sampurna mah!” ceuk Kardi bari dibarengan seuri bangun nu nikmat, “geus ah, rék mandi heula!” Kardi bari ngajingjing anduk anu titadi geus dicekelan.
“Kela Akang, Tini can berés!
Atuh kapaksa Kardi téh diuk deui. Sabab ceunah ngadengekeun pamajikan curhat téh loba pahalana. Lain ukur éta ketang alesanna. Tini mah lamun can anggeus nyarita ambekna moal beres dua minggu.
“Tini téh indung, Akang. Hayang boga budak soléh, jujur, adil, bisa diandelkeun ku urang jaga. Karep teuing rék jadi naon tah si Dédé jaga. Ngan, lamun nagarana kieu patut, hukum diakalan diguclak-giclek, demokrasi dinodai, nu salah didukung seolah-olah jadi jalma pangbenerna. Bayangkeun pikumahaeun ka hareupna? Jalma jujur bakal beuki hesé hirup. Sabab nu jujur mah geuning malah dianggap ancaman. Buru-buru disingkirkan. Anu pinter bakal beuki langka. Ih, Tini mah hariwang da.
Akang, nu jadi indung mah loba hariwang na. Di imah budak dididik jujur, soleh, pinter, taat agama jeung sajabana. Terus ké gaul jeung balarea, kajamin kitu ku urang, yén barudak téh bakalan kararuat iman na?
Nempo pelanggaran dianggap légal waé mah, boa-boa turuna urang jadi gampang kabawakeun teu bener. Bénténg iman babari runtuh Ya Allah, teu kabayang, Kang. Nu bénér hiji dua mah bakalan éléh kunu salah tapi lobaan. Kabuktian pan ayeuna ogé, éta paslon anu memang loba bukti kajujurannana dina mancén tugas téh….,” ucapan Tini teu kebat. Katémpas ku omongan Yudi.
“Mamah, tos heula. Dédé sareng Bapa téh rék angkat sakola bisi kasiangan. Mangkaning si bapa mah lamun ibak teh lami!” Yudi nu geus siap sakola nyampeurkeun. Kantong na geus digandong, sapatuna geus dipake. Gaya budak téh. Kasep.
Gék budak téh diuk, “bapa enggal ibak, keun mamah mah Dédé anu ngupingkeun!” ceuk Yudi bari méré kode ka bapana.
Atuh Kardi téh atoh kacida. Peran sebagai “pemirsa” aya anu ngagantian. Langsung wé lumpat ka cai.
“Bapa ulah lami teuing!” Yudi ngajorowok. Dijawab ku sora ngagorowok deui ti beulah tukang. Teu lila kadénge sora ngagejebur nu mandi bangun rurusuhan.
“Mah…,” Yudi nyauran lalaunan.
“Muhun, Dé, kumaha?” tanya Tini, nu cengkat rék neruskeun sasapu.
“Mamah teu kenging seueur emutan deui. Mamah hilap nya, Anies Baswedan nyarios naon di debat terakhir basa éta?” ceuk Yudi bari jung nangtung ngadeukeutan indungna.
“Nu mana téa, Dede?” tanya Tini.
“Eh… Anu macakeun Ali Imron ayat 26 téa ning. Qulillāhumma mālikal-mulki tu`til-mulka man tasyā`u wa tanzi’ul-mulka mim man tasyā, bahwa Tuhan akan memberikan dan mencabut dari yang dikehendaki. Upami Allah tos berkehendak mah, moal tiasa dikukumaha, Mamah,” pungkas Yudi.
Tini jadi mikir tarik. Aeh enya nya… Takdir mah moal patukeur. Rék kumaha waé kajadian na, lamun Allah SWT tos ngagariskeun takdirna bangsa Indonesia kudu kumaha dipimpin ku saha, maka kun fayakun, pasti kajadian. gerentes haté Tini.
Tini rikat neruskeun sasapu. Aya sumanget anyar nu muncul dina dirina. Teu paduli éléh atawa meunang anu jadi pilihannna, nu penting geus milih anu sapagodos jeung haté nurani.
Pokona ayeuna mah moal parusing deui. Pasrahkeun wé ka Gusti Allah anu Maha Suci, gerentes hate Tini.
Yudi pamit, ngaléos rék nungguan bapana di teras sabab geus maké sapatu. Indungna keur sasapu inggis terlas jadi kotor deui.
“Tos damang, Geulis…?” tanya Kardi bari mesem.
Rey pipi Tini beureum. Ngarasa isin nempo salakina nyampeurkeun masih maké anduk kaluar ti kamar cai.
“Akang, diacuk heula! Tos disiapkeun ku Tini di kamar tuh!” Tini ngajurung salakina bari imut.
Kardi gumujeng bari ngaleos ka kamar siap-siap indit gawé.
+ There are no comments
Add yours