
Bari rada nahan lapar sabab can kaboro dahar beurang, Euis kesrak-kesrik nyiksikan bawang beureum keur bumbu oseng suung. Manehna ingsreuk-ingsreukan tur cimataan alatan peurih tina bawang.
Deden ngadeukeutan, terus nanya, “Masak naon, Mah?” pokna teh.
“Oseng suung, Den…. Deden ke ngaemam nya!” jawab Euis bari neuteup ka budak lalaki hiji-hijina.
Deden gideug bari ngabirigidig, “alim, Mamah. Deden mah teu resep emam suung,” pokna bari manyun.
“Deden bade emam sareng naon atuh?” tanya Euis bari ngaleos mawa suung anu geus disuwiran sina aripis ka tempat kukumbah.
“Sareng endog we, Mamah,” Deden satengah ngagorowok.
Ti leuleutik Deden mah karesep nateh goreng endog. Dijieun siga kumaha oge Deden mah resep. Rewog bangun nikmat. Diceplok, didadar, disemur, dibalado, boh dipasak jadi orak-arik oge resep kacida. Komo lamun dibauran ku kecap. Pasti bidak teh bakal nyiuk deui, nyiuk deui.
Torojol Euis, “oke deh …!” jawabna bari ngaraketkeun curuk jeung indung leungeunna, mere kode kasiapan; mamah siap mangmasakeun Deden goreng endog.
Euis imut bari neuteup Deden teleb. Dina hatena ngagerentes, ya Allah, sing nyaah ka Deden, Nun Gusti. Budak teh aya ku soleh, tara rungsing, tara rewel. Najan kuring ceurik balilihan mikiran hirup, Deden mah pageuh we. Pajar teh, teu kenging nangis, Mamah. Allah pan sayang ka mamah. Sayang ka Deden.
Cetrek Euis ngahurungkeun kompor. Terus nedunan kahayang nu jadi anak. Ngagoreng endog ceplok.
Sok, endog dina piring disodorkeun. Deden rikat nyiuk sangu, “hatur nuhun, Mah!” ceunah pinuh ku sumanget.
“Mamah, wios Deden emam tipayun? Lapar can emam!”
Deden nyerengeh. Hayang diidinan dahar tiheula.
“Muhun sok. Deden pan cape tos maen bal,” tempas Euis.
Memang Deden oge can dahar, akur jeung dirina. Nahan lapar sangkan bisa dahar nikmat dina waktuna. Poe ieu, salakina, Dadang bagian datang balik ti pagawean.
Dadang tadi geus mere beja yen sakeudeung deui mulang, “tos sono,” ceunah.
Euis runyah-renyeh. Inget kana eusi SMS anu dikirim ku salakina. Buru-buru manehna ka dapur masak naon anu aya di kulkas.
Untungna, Dadang mah teu hese lamun tuang teh. Saukur sambel dadak, lalab, asin, tahu atawa tempe, jeung ayeuna mah ditambahan ku oseng suung.
Sabenerna mah oseng suung teh karesep Euis. Dadang mah cukup ku lalab sambel. Ngan dina pikiran Euis, asa rek beuki nikmat lamun dahar jeung salaki make oseng suung dika lada.
Ngeunah kacida.
“Mamah, bapa lami keneh kitu?”
Sora Deden nyadarkeun Euis tina lamunan.
“Mamah, ih. Kalah ngalamun mamah mah,” pokna teh bari angger panangan mah ngahuap aya ku ponyo.
Euis ngarasa era. Memang bener dirina kalah ngalamun. Rasa kasono campur aduk jeung ngabayangkeun oseng suung anu gurih lada.
“Sok emam tipayun we. Bisi lami bapa mah,” tempas Euis bari ret kana jam anu naplok dina tembok dapur.
Geus hampir opat jam Dadang can mere deui beja. Ngan hiji kayakinanana, yen Dadang teh keur fokus nyetir, moal bisa mere deui beja.
Nu penting geuwat kudu siap. Kudu mandi, dangdan, seungit supaya Kang Dadang sugema. Komo aya sambel lalab mah, pikirna.
Rikat Euis mereskeun papasakanna. Terus memeres meja makan saenggeusna kukumbah wadah kurut masak. Sangkan dapur beresih pikabetaheun.
Oseng suung jeung sajabana geus siap dina meja. Ditata dipantes-pantes. Terus ditutupan ku tudung saji.
“Deden, bade nambih emam? Nyandak we nya! Mamah bade ibak heula!” Euis mere parentah.
Deden anu ti tadi tuang bari nonton tipi ngajawab, “tos wareg Deden mah, Mamah. Tos seep da. Yeuh,” poknateh bari ngedengkeun piring anu estu beresih teu aya sesa.
Euis ukur unggeuk bari lempang ngagidig mawa anduk terus ka cai.
**
Euis make baju anyar tina lomari. Make wedak saulas, terus dilipen setip. Ipis, nu penting teu pias siga nu gering. Dadang mah tara resep kanu menor, dandan saayana cukup, asal teu barau haseup.
“Akang mah nu penting mah Euis teu kaambeu bau we. Teu kedah dangdos sagala,” ceuk Dadang basa harita anyar kawin jeung manehna.
Beres dangdan, euis diuk dina korsi. Gap kana hape anu diteundeun dina luhureun meja.
“Kang, tos dugi mana?” Euis ngirim SMS ka nomor Dadang.
Satengah jam teu aya balesan, Euis mimiti teu puguh rasa. Geus lir ari beuteung mah tambah kukurubukan kacida laparna.
Ras aya rasa hanjakal teu ngaganjel heula ku cau boh ku naon we sangkan beuteung na teu peurih. Panyakit lambung matuh teu daek cageur. Tapi demi kakang prabu, sarta supaya nikmat dahar bareng Euis rela nahan laparna.
Moal lila deui sugan kang Dadang teh, gerentes hate Euis.
Euis nonton tipi maturan Deden. Teu karasa, waktu nyerelek geus rek magrib deui. Gap deui Euis kana hape. Maksudna rek nga-SMS Dadang bisi kaburu datang. Manehna rek siap-siap magrib heula. Hariwang teu aya anu mangmukakeun tulak panto.
Karek oge rek ngetik, hiji SMS datang ti nomor Dadang.
“Euis… Hapunten Akang teu cios wangsul. Ieu pa Bos ngajakan besuk rencangan damel anu teu damang”.
Ibarat keur hiber terus dibeubeutkeun, hate Euis anu keur bungangang ngadadak ancur. Jantung ratug nahan amarah.
Naha bet kudu kieu?
Sono nu kacida badagna kapaksa kudu dikubur deui. Ngan dalah dikumaha, moal bisa dirobah kitu wae. Nasib jadi pagawe mah lir aya dina dampal suku nu jadi dunungan. Lamun aral mokaha atawa nolak pangajak, kumaha jadina? Memang nasib rejeki mah ti Pangeran datang na. Tapi lamun coba-coba ngalawan, Inggis jeung bisi, rempan ku sugan. Sieun ari dipecat mah Dadang teh.
Clak sisoca anu ngembeng ngeclak kana lahunan.
“Gusti… Hapunten abdi, teu bisa nahan rasa nalangsa. Ehm, kang Dadang, sing enggal tiasa mulih, kasep. Beu kadieu, Euis jeung budak urang sono kacida. Euis butuh akang di dieu…!” pokna terus nginghak ceurik balilihan.
“Mamah, nangis? Pan tos teu ngeureutan bawang?” ucap Deden polos. Terus ngadeukeutan ngadon ngusapan kana buuk indungna.
“Mamah bapa teu cios uwih?” sakali deui Deden nanya.
Euis gideug, teu bisa ngajawab pananya nu jadi anak. Tikoro seuseut, hate seueul taya dua.
“Deden oge sedih, Mah. Tos ulah nangis deui, doakeun wae bapa sing sehat di kota,” ucap Deden.
Euis beuki nginghak. Deden nyuuh dina lahunan milu rambisak.
“Deden oge hoyong pendak jeung bapa,” ceunah bari nginghak.
Nempo nu jadi anak milu ceurik mah akhirna Euis negerkeun karep. Buru-buru nyusutan cimata ku tungtung bajuna.
“Saur Deden pan teu kenging nangis. Tos ah. Ke urang telepon bapana upami bapa tos salse,”
Deden unggeuk, terus nyusutan cimata ku dampal leungeunna. Gelenyu Deden imut.
“Mamah, geura tuang bilih sakit deui. Itu oseng suung ngantosan!” ceuk Deden bari gumujeng.
Gebeg. Euis ngagebeg pas inget kana nasib oseng suung.
Buru-buru ka dapur. Gep kana piring. Siuk-siuk kana sangu, sambel lalab, lauk asin, teu poho oseng suung anu dicipta-cipta.
“Kang… Euis neda nya….” harewos Euis. Sahuap dua huap cimata Euis masih ngeclak nalangsa akhirna tuang nyalira.
Seterusna, piring Euis geus beresih. Beuteung nu lapar geus kaeusian. Lieur alatan salatri geus kaobatan. Oseng suung dia mangkok tinggal satengahna.
Cag!
"Semua konten menjadi tanggung jawab penulis dan tidak mewakili pandangan redaksi RuangPena."