Ngabedahkeun

Estimated read time 4 min read
Share This:
See also  Oséng Suung

Isuk-isuk Siti geus di téang ku bi Euis. Ti kamari geus dibéjaan rék diajak ngabedahkeun. Siti téh budak tilu taun anu keur meujeuhna resep leledokan. Siti bungaheun kacida poé éta. Siti disalinan ku Esih, indungna nu kasohor ku sifatna nu teges. Baju Siti geuwat diganti ku baju butut, “bisi katutuluyan kudu guyang,” ceuk Esih.  “Lamun Siti maké pakéan alus, bakal bangga nyeuseuhna.”

Euis jeung Siti ngadagoan di buruan. Sedengkeun Esih ngoncian heula panto kalayan tarapti. Imah Elis jauh ti tatangga, jadi kudu èstu taliti nutup-nutupkeun sagala, ngajagaan harta banda nu sakitu ayana. Bring, Euis, Siti, jeung Esih leumpang babarengan indit ka imah nini Elis nu jauhna kurang leuwih dua ratus meter.

Nini Elis kasampak keur tatahar di hawu, ngasakeun liwét sapuluh urangeun. Aki Supri geus niat ngajak anak jeung incuna kumpul diajak ngabedahkeun, ngahaja rék dahar sisi balong saréréa. Balong leutik anu laukna rék dipindahkeun tea téh pernah dicaritakeun ku aki Supri yén balongna lidag dikacak séro. Ngabedahkeun téh tujuanna mindahkeun lauk sawaréh kana balong sején, sawaréh deui rèk dibeuleum  di sisi balong anu nyanghareup ka sawah.

Nini Elis jeung aki Supri sanajan geus sagéd tapi can indit, sabab ngadagoan Siti anu keur dangdan dipakean dudukuy heula. Indit saréréa bareng ngaringankeun pagawéan aki Supri, sabab parabot ngabedahkeun saperti pacul, embèr, garok, jeung parang, kabawa sekali ku saréréa. Balong téh rada jauh ti imah, jadi aki Supri omat-omatan ka anak incuna Sangkan leumpangna ulah pajauh jeung kudu diusahakan babarengan. Jalan ka balong téh mapay jalan satapak anu leueur kenéh alatan peutingna tas hujan ngagebrét.

See also  Oséng Suung

Sapanjang jalan Siti digandong ku bi Euis, sedengkeun Bi Onih, Esih, jeung Ni Elis mawa sangu, deungeunna, jeung opieun, oge teu tinggaleun alat ngarujak. “Euh, kabayang seger pisan lamun dirujak Sisi balong tengah poé,” Bi Euis ngomong sorangan.

Aki Supri langsung nanya ka anakna,  Jumadi, anu geus tiheula kabalong dititah nyaatan caina tadi isuk, “Aya, Jang, laukna? Pédah mani geus saat.” Jumadi malikeun awakna sakaligus reuwaseun kacida.

“Pak, leutik aya gé yeuh. Eweuh anu meujeuh keur beuleumeun!” Tembal Jumadi, bari ngumbah pacul nu geus katutup ku taneuh ledok. Aki Supri langsung turun, macul galeng balong ngahadéan talang cai anu ngalirna kana balong, sedengkeun Jumadi mersihkeun taneuh ku pacul sakuriling balong. Manehna mah digawé téh bari mulungan toé jeung keyeup anu rapang di sisi balong.

Ngabedahkeun
Ilustrasi Ngabedahkeun

Sabab laukna teu loba, ngabedahkeun téh tereh anggeusna. Aki Supri jeung Jumadi euren menta kopi. Rombongan awéwé bébérés di sisi balong, aya nu ngored, aya nu ngamparkeun samak, aya nu meresan piring jeung sanguna oge. “Hayu aki, dahar wae heula ayeuna mah, puguh ieuh laukna gé euweuh,” ceuk nini Elis ngagupayan ka sarerea. Nu aya didinya nyampeurkeun ni Elis nu keur nyambel céngék sisi balong.

Saanggeusna dahar, Siti jeung Bi Euis mulungan keuyeup bari nyair berenyit dina gombangan nu dijieun ku aki Supri. Siti bungaheun kacida dibawa ngomé cai, bari ngedukan taneuh balong, kitu oge bi Euis. Maranéhna ngome cai dina curugan nu ayana di sisi balong. Bari maturan Siti guyang, aki Supri beberés talang bari ngalaan lauk di kana embérkeun, tuluy dipindahkeun ka balong séjén ku Jumadi.

See also  Cikopi

Ngabedahkeun
Ilustrasi Ngabedahkeun

Anggeus ngabedahkeun, Siti dimandian di solokan ku nini Elis. Parabot urut ngabedahkeun, piring kotor, jeung samak dibérésan kunu séjén. Satuluyna aki Supri ngajak mulang ka saréréa bari kukulutus, “Laaah balik waé yap, sugan téh enya aya beuleumeun. Sero kehéd teu ngajangan nu bogana, teu nyaho dinuhun.”

Sabaar Ki Supri.

Share This:

Kamu Mungkin Suka

Tulisan Lainnya

+ There are no comments

Add yours