Poé senén tengah poé, Aka ulin ka imah Ija niat rék milu internétan. Aka geus mawa hapé jeung opieun sakérésék.
Aka téh babaturan Ija nu resep internétan sabab muka internét téh bisa nonton tayangan, nelepon ka lanceukna nu jauh, macaan berita, jeung bisa ogé maen game online. Keur modal muka internet téh Aka boga hapena waé jarang boga kuota internét, tapi kabeneran Aka boga sobat dalit ngarana Ija nu bapana katelah pagawé désa di lemburna.
Keur nunjang pagawéanna, bapana Ija ngahaja meuli alat sangkan boga sinyal keur aksés internét di imah ngarojong kana kalancaran pagawéanna zaman ayeuna nu serba online téa. Sedengkeun kaayaan di lembur kudu neangan tempat merenah sangkan lancar ngagunakeuna. Ceuk bapana Ija alat ieu teh ngabantu pisan kana kalancaran pagawéan. Ku ayana alat éta jadi kasempetan Ija ngondang Aka sobatna keur ngajarkeun manehna maen game online tea sabab babaturanna geus pada bisa maen sedengkeun Ija sok ukur nonton.
Aka sok diajak ulin ku Ija, tapi poe ieu husus diondang sabab manehna menta diajarkeun make internet sakaligus maen game online. Atuh tangtu wae Aka teh bungah sabab bisa ngakses internet haratis salila ulin ka imah Ija.
“Ka, ke balik sakola buru-buru nya ka imah! Ajarkeun urang maen internet jeung permainan tea nu anyar jiga si Irsad tea. Duh hayang bisa euy!” ceuk Ija di sakola.
Bener wae Aka teh giat mawa hape, opieun, jeung casan siap ngajarkeun Ija maen internet tea.
Ija bebeja ka bapana yen Aka rek milu ulin “ngahaja maturan Ija meh di bumi wae pa.”
Bapana nembalan “enya heug!” bari tuhu nyanghareupan pagawean.
Tapi kusabab game online teh beuki resep, Ija ngajak Aka pindah ka rohangan sejen di imahna sangkan bapana teu kaganggu, “ka, pindah yu ka loteng, didieu mah bisi dicarek ku bapa.” Ija ngaharewos.
Harewos Ija jigana tarik teuing nepi ka teu sadar omonganna kadengeeun ku bapana.
“Ja, kade mun ka rohangan luhur, ulah ka kamer.” Ceuk bapana omat-omatan. “Enya, Pa” tembal Ija ringkes.
Ija tungkul kana hape teu merhatikeun Aka nu panasaran tea ku rohangan nu di rusiahkeun ku bapana tea.
“Gubrag!”
Teu lila Aka pindah diuk jadi gigireun bapana Ija, Aka ngahuleng lila teu ngarti naha manehna bisa jadi diuk di rohangan handap.
Ija ngageroan tarik “Akaaa! Akaaa! Di mana, Maneh?”
“Gustiiii Aka!, maneh nincak papan di rohangan luhur nya? Ngaku!”
“Hampura, Paaaa, Aka ngajaran diuk didinya da panasaran naha mani jadi rohangan nu di rusiahkeun?” ceuk Aka hahampuraan bari ngeclak cimata.
Duka cimata hampura duka nyeri murag tina loteng.
“Ari maneh, beberesih kadituh!” bapana Ija nyarekan Aka bari meresihan rohangan gawe anu pinuh ku kokotor nu kabawa ku awak si Aka lantaran murag ti rohangan rahasia.
Ija jeung Aka papada teu nyaho yen rohangan nu dirusiahkeun ku bapana teh tempat bahaya, ngahaja di rusiahkeun sangkan jalma teu kumawani kadarinya. Tapi Aka maksa da panasaran tea. Antukna eta rohagan geus teu rusiah deui.
Aka mulang ngajingjing sendal bari rambisak.
Deudeuh Aka.
Watir pisan eta si aka, hp na teu kunanaon?
Teu kunanaon bararud wae