Kahayang mah moal aya tungtungna. Nafsu dunya moal béak salila nyawa masih aya dina raga. Ukur ku iman kalayan takwa anu bisa megeranana.
Teu karasa, umur téh geus beuki kolot. Sanajan rarasaan mah asa masih ABG. Padahal sabenerna umur geus nincak dina 38 taun. Acan ari huisan mah. Kulit ogé asa can meotan. Awak alhamdulillah masih jag jag. Kuat kénéh leumpang olah raga ngahaja tiap isuk dileukeunan.
Ngan bédana, beuki lila beuki dieu, beuki loba anu dipikiran. Tiap manggih élmu anyar boh tina bacaan atawa hasil tina ngobrol jeung batur sok hantem diteuleuman. Dipikir dibulak balik. Ditéangan makna katut hikmahna. Da baheula mah tara tepi ka kitu. Maca mah maca wé. Geus apal mah cukup. Paling disimpen pikeun jadi bahan obrolan atawa tulisan. Ayeuna mah éstu, sok sagala jadi bahan renungan. Sakapeung sok aya rasa hanjakal naha di umur sakieu karék ngalaman ieu rorobahan mainsét téh?
Tapi ah, memang meureun kakara ayeuna wé Allah téh méré hidayah ka ieu diri. Matakan loba pisan anu jadi bahan regepkeuneun.
Aya dua hal anu bener-bener teu leupas tina emutan. Kahiji, ulah loba kahayang, sabab tujuan utama hirup di dunya téh lain keur dudunya jeung babanda tapi taya lain pikeun ibadah ka Mantenna.
Kadua, ulah sagawayah nyieun rencana. Sabab urang mah ngan bisa ngarencana, hasil jeung henteuna iwal Allah anu nangtukeun. Kukituna, salilana urang ulah poho kanu Maha Ngatur kahirupan. Sakabéh hal anu érék atawa eukeur dirandapan ulah leupas tina sumerah diri ka Allah nu Maha Gofur.
Dua hal éta pageuh nepi kana rarasaan, saprak manggih hiji kajadian anu matak sadrah tur sadar diri keur naon tujuan hirup anu sabanerna.
Hiji mangsa aya babaturan datang ka imah. Teu angin teu hujan, jol pok manéhna ngumaha bari lengas-lengis bangun pinuh ku rasa nalangsa. Pajarkeun téh, “nyelang heula 6 juta, manawi Étéh aya artos salsè.”
Beu, artos salsé pok natéh. Rada ngagebeg sakedapan. Ras inget yen nu datang téh pan bogaeun mobil alus dua. Boga usaha ogé. Naha teu cukup kitu?
Rét kana pameunteu na, diteuteup ditilik-tilik, ah bener ieu mah tamu téh teu keur sandiwara. Manéhna éstu keur butuh duit harita kénéh.
“Tulungan, Nyi,” pok natéh. “Akang didatangan waé ku Dept Kolektor. Mobil anu abu-abu geus dua bulan nunggak. Lamun teu ditaur ayeuna kénéh mobil Akang bakal disita,” pok natéh bari rada rambisak.
“Kéla, naha bisa kitu, Akang? Sugan kuring mah boga mobil dua téh tiis-tiis wèé,” cekéng téh.
“Satadi namah asa heueuh, Nyi. Rasa mokaha meuli mobil téh sadua-dua. Nu hiji ngarasa lancar cicilan, Akang nganggap gampang. Ongkoh kadorong ku si euceu, pajar téh kari direntalkeun. Engké keur mayaran namah tina ladang réntal. Ari ayeuna, lagu butuh, boro-boro diréntal, Nyi. Nu aya mah hiji bayareun hampir diblokir alatan nunggak, Nu hiji deui di pagadén,” pok natéh bari ngaheruk.
“Kumaha atuh, Kang Dulah? Da abdi mah teu gaduh sisimpenan. Lain rek nyumputkeun atawa ngaleuleumgit réjéki. Kapan itu budak sadua-dua tas daftar sakola. Teu katarima di sakola pamaréntah, kapaksa kudu asup ka sakola suasta. Apal meureun kumaha biayana?” cekéng. Ngajawab téh ngahaja disina jéntré.
“Atuh sugan wé, Nyi, aya sisimpenan lainna. Boh emasna boh naon anu bisa diinjeum ku Akang,” pok na deui. “Isukan téh aya anu jangji rék bayar hutang ka Akang. Jangji rék transfér. Tadina andeleun téh duit éta pisan. Ngan di luar prédiksi, anu nagih miheulaan rencana,” pokna deui.
Haté ngageremet. Aya ku wanian éta tamu. Dulur baraya ogé lain. Ngan ukur kawawuhan pédah pernah sagulung sagalang dina pagawéan. Éta ceunah maké ngomong mamanawian aya sisimpenan. Heuheuy, dina aya nagé moal dibikeun ka didinya, Akang.
“Kumaha, Nyi, aya?” tanyana deui, bari karasa semu maksa.
“Teu aya, Akang. Ti tatadi ogé teu aya!”
Ngajawab téh rada teugeug.
“Nya atuh, ari kitu mah. Akang rék néangan kanu sanés sugan aya anu daék nulungan,” ceuk kang Dulah bari ngaléos.
Ditinggalkeun ku kang Dulah téh ras kana rarasaan. Duh gusti geuing hirup téh sawang sinawang. Sugan téh kang Dulah jeung ceu Inong téh bener wé bagja. Banda loba, mobil sadua-dua. Geuning sarua waé jeung kuring. Éh, leuwih ripuh kétang. Kuring jeung salaki onaman, boga motor butut ogé alhamdulillah. Nu penting mah jalan, bisa nganteurkeun mun rék indit-inditan. Sanajan sakapeung sok sedeng mogok. Ngan alhamdulillah geuning teu bari boga hutang mah pipikiran tenang. Saré tibra, dahar ponyo.
Pernah hiji waktu ngobrol jeung salaki, asa hayang boga mobil. Duméh eta barudak geus meujuenhna galedé, teu beunang diangkut kana motor.
“Urang nabung wé, Kang. Keur ngadepéan na,” cekéng téh.
“Muhun sok wé mun Nyai bisa ngatur-ngaturna. Ké lamun tos cekapan kantun ngemutan kanggo nyicilna. Doakeun pagawéan Akang lancar,” jawab salaki harita.
Ah, ayeuna mah rék geura bébéja ka salaki. Nyicil mobil téh teu kudu jadi. Rék bolay wé. Neundeun mah nendeun, ngan meuli mobilna duka iraha. Moal rék loba kahayang ayeuna mah. Kapan saur pa Ustaz ogé urang salaku manusa mah teu bisa ngajamin yén umur urang bakal Panjang. Lamun heug nyokot hutang, kumaha lamun isuk pageto pondok umur. Teu bisa ngalunasan. Piraku rék ngawarisan hutang ka anak incu?
Kuring ngabirigidig.
“Nyaan moal, Akang… Nyaan…” kuring teu karasa ngagorowok.
“Aya naon, Nyi?” tanya salaki anu norojol ti panto hareup bari nyalindang kantong kakara mulang gawé.
Langsung wé kuring nyaritakeun sual kajadian anu ngajadikeun kuring bedo boga cita-cita meuli mobil jeung sagala kahayang dina lamunan.
Salaki imut, “alhamdulillah atu upami kitu mah. Urang fokus kana biaya sakola barudak wé ayeuna mah. Bekel élmu mah leuwih mangfaat dari pada harta.”
Kuring unggeuk. Aya haté anu tingtrim, sumerah ka gusti, “Nun Gusti, nyanggakeun sadaya-daya. Rejeki tos aya nu ngatur. Insyaalah abdi sakulawargi ngalakukeun iktiar pinuh ku tawakal. Ngan moal dugi ka tipoporosé. Yakin Anjeun tos ngatur rejeki sajatahna-sajatahna.
Alhamdulillah ala kulli hal.
+ There are no comments
Add yours