Zaman baheula, nalika Indonesia dijajah kénéh ku bangsa deungeun, para pajoang ngusahakeun satékah polah ngawujudkeun bahasa Indonesia jadi basa persatuan. Anu maksudna pikeun ngahijikeun rahayat Indonesia anu kabagi jadi sababaraha suku bangsa ti Sabang dugi ka Merauke. Pamuda, Ulah Gengsi Ngamumulé Basa Soranganmenjunjung bahasa persatuan, bahasa Indonesia”. Éta hartina sakabéh suku bangsa naon waé basa anu dipaké di daérah séwang-séwanganna, ari dina urusan keur kajayaan jeung persatuan nagara mah dibeungkeut pageuh ku hiji basa, nyaéta bahasa Indonesia. Ayeuna geus 97 tahun Sumpah Pemuda urang tetep kudu ngajaga basa persatuan éta.
Nanging kanyataanna, zaman kiwari loba pisan anu kajongjonan maké basa Indonesia tapi poho ngamumulé basa sorangan. Teu saeutik nu hayang katingali gaya, nyarita ku basa Indonesia nu dicampurkeun jeung basa bangsa deungeun dina wangkongan sapopoé.
Loba nu Agul ku Basa Deungeun
Aya ogé anu agul bisa ngomong basa Inggris pédah sok mindeng lalajo film asing. Bisa ngomong maké basa Korea pédah mindeng nongton filmna. “Kayungyun ku Oppa Korea anu karasép,” ceunah. Pajar téh teu siga warga lokal anu diteuteup matak téréh bosen na. Euweuh teuing kasép-kasépna.
Ah, tapi ketang nu kasép mah da kasép wé. Komo urang Sunda mah dibarengan jeung hadé basa, soméah, tur imut manis kareueut, nu boga raray biasa ogé ngadadak kasép matak kayungyun—sesah hilapna.
Atuh di sababaraha sakola élit mah, aya anu geus mopohokeun basa daérah—jarang dipaké pisan. Nyarita sapopoé diwajibkeun ngagunakeun basa asing. Akibatna, barudak zaman ayeuna geus teu bangga maké basa sorangan. Ngarasa jumawa bisa basa deungen téh, basa Indonesiana teu dipake, mana komo basa daérahna masing-masing. Wanoh ogé boa henteu. Sumawona, sabagian jalma aya nu nganggap yén nyarita ku basa Sunda téh kalebet kampungan tur katinggaleun zaman.
Lain ulah miboga kaahlian bisa basa bangsa deungeun. Urang saréréa ogé yakin, yén kamampuan éta téh bakal loba nguntungkeun pisan. Komo lamun rél sakola atawa gawé di nagara batur mah. Atawa di perusahaan nu ngabutuhkeun kaahlian bahasa. Ngan asa leuwih hadé jeung bijaksana lamun basa daérah ogé ulah ngahaja dipopohokeun. Sabab loba pisan conto, jelma zaman ayeuna mah teu bisa ngagunakeun basa daerah na sorangan.
Ulah jauh-jauh, di Bandung pasisian contona. Nu kuduna urang Bandung pang nyaahna ka basa Sunda sabab pituin lahir jeung hirup di Bumi Parahiangan, sakalina rék meuli katuncar ka warung tatangga ogé geus teu ngagunakeun basa Sunda.
“Aku mau beli ketumbar. Inih berapah?” kitu ceunah bari nunjuk bungkus katuncar bubuk anu ngagantung dina hareupeun taarna.
Padahal naon héséna barang beuli ka warung tatangga anu geus yakin sarua urang lembur mah maké basa Sunda wé, nya. Lamun anu dagangna urang Sumatra nu can ngarti basa Sunda onaman, pantes ngomong ku basa persatuan ogé. Gunakuen bahasa Indonesia supaya papada ngarti tur nyambung ngomongna.
Ku nu dagang natéh ditanya, “mau yang manah yah? Yang itu mah harga nyah dua rebuan,” ceunah. Asa teu genaheun kakuping nagé. Bahasa Indonesia, tapi logatna logat lembur. Heuheuy deuh.
Kawajiban Urang Ngajaga Basa Daérah Sorangan
Basa daérah téh mangrupa pamageuh kana nanjungna bangsa Indonesia. Di kancah Internasional, Indonesia katelah bangsa anu beunghar ku budaya. Lamun masing-masing daérah kompak micinta budaya jeung basa daérahna masing-masing, yakin pasti bangsa Indonesia bakal leuwih kasohor di mata dunia.
Jadi, ti ayeuna hayu urang ngamumulé basa sorangan. Ulah gengsi sieun disebut kampungan atawa kurang pergaulan ku batur. Justru ku kawani jeung kateguhan urang nyekel pageuh bahasa daérah sorangan bakal mageuhan kakuatan bangsa ku warna budaya jeung bahasa anu rupa-rupa.
Dina raraga 97 tahun Sumpah Pemuda, urang guar deui sumanget mageuhan bangsa. Urang sasaréngan ngeusian kamérdekaan ku cara anu paling sederhana: ngajaga basa séwang-séwangan.
Lamun teu ku urang, ku saha deui? Lamun teu ayeuna, rek iraha deui? Ulah nepika basa daérah téh leungit euweuh laratannana. Ulah nepika urang Sunda khususna, ngan ukur jadi sajarah.
Hayu urang sasarengan pikirin kumaha carana sangkan anak, incu jeung katurunan saterusna tetep bisa nyarita ku basa Sunda. Tetep micinta basa wewengkonna sorangan. Teu gengsi pédah disebut kuper, tapi kudu mangprang jumawa bisa nyarita ku basa Sunda, dibawa ka manca nagara.
Kawitan ti ayeuna ku urang sorangan.
Cag!
*Artikel ini sudah tayang di Kompasiana
