Bi Iin

Estimated read time 3 min read
Share This:
See also  Pararusing, Gusti!

bi iin

Hujan ngaririncik, hiliwir anging nebak tatangkalan anu rajeg di buruan. Nyes, karasa hawa beuki tiis, atuh kayaan ogé jadi simpé. Jalma nu sok arulin matuh hareupeun imah teu daratang alatan cuaca nu kacida tirisna. Imah jempling, salaki kuring can datang ti Kertayasa. Ceunah keur aya pagawéan maksud ngahaja ngontrol masyarakat bisi teu kanyahoan aya caah nu matak cilaka ka saréréa.

Salaki kuring téh karék dua bulan jadi lurah di lembur. Teu saperti biasana, ayeuna mah jadi loba tugas di jam gawé jeung loba kagiatan ogé di jam istirahat.

Sqbab mindeng ditinggalkeun, salaki kuring téh ngahaja nitah bi Iin maturan di imah sangkan kuring aya batur dimah, tur supaya teu jadi pikiran lamun manéhna ninggalkeun imah, melang ti ditu namah.

Bi Iin téh adina bapa nu kukut ti leuleitik ku kulawarga kuring. Manéhna geus teu boga salaki. Takdir Gusti ogé ngajadikeun bi Iin lain tinu awéwé tina umumna, bi Iin téh teu kantos direjekian miboga katuruanan tepika salakina mulih ka jati mulang ka asalna.

Salaki kuring nitah bi Iin meutingan imah di dieu bari maturan kuring nu kakara ngalahirkeun sabulan katukang.

Kang Andri ngaran salaki téh. Manéhna nyaaheun pisan ka bi Iin sabab rumasa diurusnku bi Iin ti leuleutik. Embungeun jauh, karunya, nyebutna téh. Sabab teu boga anak jeung salaki. Sapopoéna bi Iin sok daékeun dititah ngoréd, nyeuseuh, atawa bébérés di imah tatangga.

Isuk-isuk bi Iin geus hudang. Manéhna sok rikat nyabak pigawéeun di imah. Pokokna bébérés jeung gégéroh mah sok ku bi Iin, kuring nyangu jeung naheur cai ogé ngasakan deungeun sanguna. Kuring ka cai sakeudeung, niat mihapekeun budak ka bi Iin.

See also  Cikopi

Tapi bi Iin sok nyebut yén budak mah ke gé kuat ieuh, dipangku dicandukulkeun, dikeukeupan ditangkubkeun. Kuring gé ngarti zaman ayeuna loba kamajuan élmu ngurus budak nu bisa dibacaan tina média éléktronik. Kuring gé percaya lalaunan mun urang biasa, ké budak gé berkembang téréh jeung sehat.

Tapi poé éta kuring kacida nyeri haténa, ku laku bi Iin ngurus budak kuring. Manéhna mindahkeun budak kuring nu ceunah miceun kana amparan nu keur dilahun ku bi Iin. Bi Iin teu ngarasa salah budak diturunkeun kana karpét salapis dina ubin, kuring kalepasan nyentak.

“Naha bibi teu kira-kira? Aya budak kakara 40 poe gening diteundeun di handap?” tanya kuring semu tarik. Bi Iin nembalan bari milihan calana budak, “keun waé atuh, Téh. Aadatna budak mah moal nanaon, keun ké gé kuat.” Ceuk pikir kuring mah, asa teu kira-kira budak di kana ubinkeun jaba keur miceun, pan tiis budak can kuateun.

Kuring teu némbalan deui bari ngarewak budak dina amparan, dipangku di bawa ka kamér disalinan dina kasur. “Bibi mah moal ngarti rarasaan indung, ulah jiga nu pangnyahona ari teu boga budak mah!” ceuk kuring ka bi Iin. Bi Iin ka kamérna, terus teu kaluar kamér deui sapopoé.

Ku salaki kuring bi Iin ditanya. Manéhna ngajelaskeun naon anu geus kajadian tadi beurang. Kuring ngaku salah, kuring ngucap sangeunahna pedah keur emosi. Kuring kalepasan, teu mikiran rarasaan bi Iin nu gabug nepi ka ayeuna salakina geus maot.

“Bi hampura kuring nya, Bibi ceurik pédah kuring kalepasan ngomong tadi. Tapi lain maksud kuring rék muka-muka kanyeri bibi salila ieu. Nuhun geus ngurus kuring, jeung kang Andri salila ieu. Komo ayeuna bibi kalah mantuan ngurus budak kuring.

See also  Geus Teu Hayang Loba Kahayang

Kuring nangkeup bi Iin bari ceurik ngaheruk. Teu karasa cisoca nyurucud maseuhan baju bi Iin dina lebah taktakna.

Share This:

Kamu Mungkin Suka

Tulisan Lainnya

+ There are no comments

Add yours